Leres2....boga gawe wae oge masih keneh menta paksa (pungli..meres cara preman).. sareng ceceremed (korupsi).......
On 10/6/09, mj <[email protected]> wrote: > > > > > Hiji mangsa, beres kuliah nu ngan ukur gagambaran, pasosore, genepan urang > indonesia ngobrol jeung dosen. > > Obrolan kamana mendi, make basa inggris sabisa-bisa. Nepi ka bagean ieu, > > “ari di indonesia, kumaha mun aranjeun nganggur? Maksudna teu boga > pagawean atawa panghasilan?” > > Ditanya kitu babaturan rada bengong. Komo si kuring. Tapi boga ari jawaban > mah. > > “oh, biasana nya mun kolot teu bisa, urang milu ka mamang, bibi, ua, > tatangga loma (aslina dina basa inggris, relatives). > > Di indonesia ikatan kekeluargaan masih kuat.” Cekeng teh. > > Si dosen imut senyum. (lain imut kanjut da istri). Sigana nanya kitu teh > pikeun nyaritakeun kondisi di nagarana, kieu cenah, > > “mun di denmark mah, mun anjeun nganggur, teu boga penghasilan, anjeun > tinggal datang ka kantor balekota. Lapor. Ke bale kota ngirim tunjangan > bulanan.” > > Si kuring ngarti maksudna oge babaturan. Terus babaturan nu urang bdg > ngaharewos ka ceuli si kuring, > > “mun cara kitu diterapkeun di urang, bisa bangkrut nagara!” > > Hahaha… > > ---- > > Carita nyata di arkitekskole > > Philip de lange ale 10, Kopenhagen 1997 > > >

