Bos HR Disarebut bos soteh dumeh boga pausahaan jeung boga anak buah aya kana genepna. Bos HR kitu batur nyarebut, ari HRna mah dicokot tina ngaran pausahaan nyaeta CV.Haphap Resources,hiji pausahaan budidaya Haphap, anu ngembangkeun perkawinan silang antara Haphap jeung Toke, Bayawak kadang jeung Embe, hasilna sok diekspor ka manca nagara cenah mah jang bahan baku ubar budug atawa bisul.
Mun telat gajihan ku anak buahna kecap HRna sok disalenggorkeun jadi Hutang Raweuy, da enya atuh jadi pangusaha teh katingalina we lubak libuk, padahal kiriditan dibank ngahunyud, sertipikat jeung surat berharga sejena kabeh disakolakeun ka bank, encan giro bayareun kabatur geus jaratuh tempo katambah rekanan bisnis sok marenta komisi gede, geus puguh anak buah mah unggal bulan sok marenta naek gajih bae lieur cenah matak murudul bulu irung. Pangeusi lembur Ciburayot, loba nu teu apal ngaran asli si Bos HR teh, rereana sok nyalukan "sibos" bae, padahal dina ktpna Ihin Surihin. Geus ilahar tibaheulana di Ciburayot mun aya nu sukses teh sok disarebut sibos. Rereana nu disebut bos teh anu sok ngabandar, matak geus teu aneh didinya mah aya nu nelah bos peuteuy, bos jengkol, bos gula, bos domba, bos pare, nu can aya teh bos rametuk meureun. Ngan aya saurang nu rada mahiwal sok disarebut bos kubaturna padahal kaayaanana biasa bae, tara ngabandar komo deui sukses jiga batur, pas ditalungtik sihoreng ngarana Obos. Dedeg pangadeg bos HR teh ilaharna nonoman sunda, dedeg sampe rupa hade, kumisna lir hileud bulu, beuteungna ngabeuteung semar, bureuteu remen teuing dieusi. Ari karesepna ugal igel hareupeun ronggeng, mun diwewengkon manehna aya raramean boh nayub atawa jaipongan can rugrug goong mah can waka cengkat. Beuki sohor bae bos HR teh da sok katingali dina vcd bajakan,ngawur ngawur duit bari lunda lende ka ronggeng. Ari ka ronggeng mah kaasup royal bos HR teh komo mun ku sinden disebut "bos HR anu bageur" bari dihaleuangkeun, teu sirikna eusi dompetna diketrukeun kabeh. Kiwari bos HR teh geus lila teu katingali ngulampreng, kitu deui basa aya nayub dilemburna teu katingali ngagitekeun bujurna cena kates jeung bujur ronggeng. Kamana atuh bos HR teh, iang haphap kitu ka uni eropah? Hawar hawar aya beja yen sibos HR teh cenah keur gurang gerung nahan kanyeri lantaran tarangna aya nu ngetrok basa keur gutak gitek hareupeun ronggeng diacara nayub dilembur sabeulah sababaraha poe anu geus kaliwat. "Bongan sok mapanas, boga bujur sok digudil gadil bae,jadi weh gagang siwur nyayang kana tarang papah!" "Sugan teh mamah teu lalajo!" "Paribasa uang balanja kudu ngirit, tapi ari ditoel ku ronggeng mah,langsung jebrol, nu nyelip na dompet ge kabeh diketrukeun!" "Sugan teh mamah teu lalajo!" "Sugan teh teu lalajo podol sero, geus ningali aslina sakeudeung deui aya vcdna, sok disetel dibulak balik ih... meuni euweuh kabosen!" "Su....su....gan teh..........!" "Sok nek ngomong sugan teh teu lalajo deui.....hayang ngasaan deui nu kieu!" ceuk pamajikan bos HR bari ngamang gagang gagang siwur nek sabek bekeun neunggeul.

