Ari si kuring, nya kitu deui bae, kirang sapagojod, eh sapagodos pama misah
misahkeun kahirupan logis kadunyaan jeung akheratna, enya eta tos sakuduna
ari ngaran ikhtiyar (usaha) mah lain wungkul dianjurkeun tapi kaasup
diwajibkeun, ngan mun kekeuh petekeuh yen etateh LAIN bebendon, atawa
cocobi, atawa nu leuwih parahna "nyiksa" nu dongkapna ti nu Maha Kawasa, asa
ku harianeun ceuk si kuring, beu ambuing paralun teuing mun tea mah ayeuna
kajadian niwaskeun ratusan jeung rebuan dulur, terus kahareupna ngan ukur
'konsen' kumaha carana supaya kajadian sarupa teu kaalaman bari jeung lat
weh poho kana sajarah kumaha proses "maraot" ki dulur nu matak kukurayeun,
naha saha atuh nu mateni maranehna teh? Enya ku sareatnamah kaurugan
wangunan jeung watu taneuh, tapi mun kapopohokeun pedah "aing" tos bisa
ngungkulan mangrupa bencana kahareupna lain hartina urang kudu ngabarakatak
nyengseurikeun sajarah.

 

Upama ngadumaniskeun antara kadunyaan jeung kaakhreatan, deuh matak uruy
kacida, di dunya (keur kadunyaanana) urang usaha satekahpolah enggoning
nyanghareupan perkara sarupa sangkan bisa "salamet", keur akheratna nya kitu
deui urang nafakuran kumaha nyeri peurihna para korban nu kasilih menit
jeung detik aduregeng nyawa, kumaha mun eta kajadian karandapan ku
urang-urang, bujeng ning nu ngarandapanana, dalah tatangga jeung dulur nu
kaitung salamet sakitu stress jeung trauma na, palebah dieu deuk ka saha nya
menta pamuntangan? Jadi, catur bukur ngeunaan musibah teu leupas tina dua
sumber nu teu bisa dipisahkeun, dunya katut akheratna, urang teu bisa
ciciduh ka jelema nu cilaka tina motor lantaran manehna teu make helm,
salian ti pepeling keur urang sangkan make helm oge pepeling yen urang kudu
sadar kana mangrupa musibah.

 

Jadi emut Umar Al Farouq, harita keur mahabu panyakit di wewengkon eta, Umar
radiyallahu 'anhu niat deuk hijrah ka wewengkon sejenna nyaeta maksudna mah
deuk nyalametkeun diri jeung rahayat tina tatalepa panyakit, anjeuna waktu
ditanya ku salah saurang baturna, ceunah, naha bet indit ka tempat nu lian,
lain ieu panyakit teh geus takdir? Jawab Umar, enya kuring deuk pindah tina
ieu takdir kana takdir nu lianna... 

lenyepaneun,  dina hiji wangkongan nyebutkeun pindah tina takdir, hartina
aya usaha deuk ngome diri, dina wangkongan lian nyebutkeun pindah kana
takdir sejen, hartina sing saha bae dikukuntit ku takdir nu tos dicatet nu
mangrupa rusiah Gusti. 

 

Punten ah, 



 

From: [email protected] [mailto:[email protected]] On
Behalf Of Waluya
Sent: 07 Oktober 2009 17:34
To: [email protected]
Subject: [Urang Sunda] Lini Bebendon?-->Re: Fw: pusat peradaban Islam?

 

  

> MRachmat Rawyani <mrachmatrawy...@...> wrote:
> Jadi tong heran, upama engke masih aya keneh lini jeung bencana 
> sejenna tumiba ka nagri Indonesia, bebendon ti Mantenna, salila 
> kalakuan urang Islam masih misahkeun kahirupan duniawi jeung 
> akherat.

Punten pisan, kuring mah kirang sapagodos lamun lini disababkeun BEBENDON ti
Gusti Nu Maha Kawasa. Lini sabenerna kajadian alam nu teu beda jeung
datangna beurang jeung peuting, teu beda jeung gerna hujan, teu beda jeung
garingna halodo jeung rea-rea deui nu bisa karasa jeung katempo ku urang.
Gusti Nu Maha Kawasa nyiptakeun sagala kajadian alam ieu, tapi sanes keur
BEBENDON ka manusa.

Manusa dina nyanghareupan gejala alam kudu siap, jeung make akalna, supaya
gejala alam teu ngabahayakeun kahirupan manusa jeung lamun bisa malah bisa
digunakeun keur kahirupan manusa. Waktu pas hujan, sieun baseuh jeung
katirisan jelema make payung, Sieun kapoe manusa make dudukuy, atuh pas
datangna peuting jelema make lampu. Teu aya saurang manusa oge nu nyebutkeun
hujan, panas jeung peuting BEBENDON ti nu Maha Kawasa, padahal hujan, panas
jeung poek bisa mawa mamala ka manusa. LINI OGE SAKUDUNA DIANGGAP SIGA KITU,
SANES DIANGGAP BEBENDON.

Naon margina? Lini tetep bakal aya, manusa teu kudu ngarep-ngarep Gusti Nu
Maha Kawasa bakal ngaleungitkeun gejala alam ieu, sabab sami we jeung
ngarep-ngarep ulah aya peuting (poek). Tapi nu kudu dilakukeun ku manusa
mah, kumaha carana lini teu pati ngabahayakeun kahirupan manusa, siga manusa
ngakalan peuting (poek) ku nyiptakeun lampu!

Kanggo lenyepaneun, nyanggakeun potongan sajak Sir Mohammad Iqbal, pamikir
Islam kasohor di Abad ka 20 asal Pakistan, meunang nyutat tina catatan
Pinggirna Gunawan Muhammad:

"Kau ciptakan malam, tapi kubuat lampu,
Kau ciptakan lempung,tapi kubentuk cupu,
Kau ciptakan gurun, hutan dan gunung, 
kuhasilkan taman, sawah dan kebun"

Baktos,
WALUYA





__________ Information from ESET Smart Security, version of virus signature
database 4462 (20090927) __________

The message was checked by ESET Smart Security.

http://www.eset.com

Kirim email ke