Tah sapuk kuring oge mun MUI nyebatkeun korban bencana eta kasebut syahid
sanajan predikat ieu saleresnamah sami mawon mung "kinten-kinten", ari
manusa nu ngaku Islam mah, teu kedah janten murudul sabulu-bulu mun
nyabit-nyabit perkara basa "cobian, azab, sareng saentraganana" da eta
parantos ti karuhunna 'percanten' kana eksistensi Qur'an, sedengkeun dina
Qur'an eyeub ku ayat nu kararitu, pamohalan mun dijadikeun referensi teh,
janten teu kedah panas ceuli da nu puguhmah urang mung tiasa
"nginten-nginten" oge, nya kadituna laku waspada janten urgensi (palebah
dieu boh kadunyaan boh kaakheratan kedah nurugcupu tong dugika patojaiyah)

 

Wilujeng ah, 

 

From: [email protected] [mailto:[email protected]] On
Behalf Of Waluya
Sent: 08 Oktober 2009 15:41
To: [email protected]
Subject: [Urang Sunda] Lini Bebendon?-->Re: Fw: pusat peradaban Islam?

 

  

> Surtiwa <surt...@...> wrote:
. tapi tetep wae
> sapagodos jeung Kang W moal tega nyarioskeun yen korban gepa Aceh, 
> Padang, Jambi keuna ku Bebendon Gusti Allah. cag ah

Sanes Bah Iwa atawa kuring wae nu teu tega teh, MUI oge teu nyebutkeun
bancang pakewuh ieu BEBENDON/AZAB, malah MUI (oge Menteri Agama) kalahka
ngaluarkeun fatwa yen nu pupus tina bancang pakewuh ieu, SYAHID!. Meureun nu
syahid mah lain nu keuna ku azab/ kutukan nu keur dibenduan kunu Maha
Kawasa. Atawa kuring nu salah ngahartikeun?

Baktos,
WALUYA





__________ Information from ESET Smart Security, version of virus signature
database 4462 (20090927) __________

The message was checked by ESET Smart Security.

http://www.eset.com

Kirim email ke