Rhoma irama oge gaduh pendapat gempa teh sanes bebendon Gusti, eta diungkapkeun diacara Dana dan Nada diliput ku TV swasta alesanana rakyat urang cenah loba anu sarae keneh.
Ari ceuk kuring pribadi mah bebendon atawa sanes tinggal ningali diri sorangan kumaha ? Contoh gampilna, lamun urang kalakuan goreng terus meunang musibah nya artina eta urang dihukum. Lamun sabalikna, ujian. Da ari boga kalakuan goreng di oar oar mah moal mungkin, jd tinggal ngaragap diri sorangan. Sok anu korupsi ngaracung? Eweuh, jd we dibere tanda ku Gusti. Tapi saya pernah ngadenge ceuk kolot lamun keuna gempa Alamatna goreng, dihubung hubung jeung taun naon + pamingpin jsb Duka ti primbon naon, da ari di sunda mah sok aya anu kararieu (kapercayaan) padahal jaman geus 2009 era kapitalis From: [email protected] [mailto:[email protected]] On Behalf Of Waluya Sent: Friday, October 09, 2009 10:36 AM To: [email protected] Subject: Re: [Urang Sunda] Sanes BEBENDON > Surtiwa <surt...@...> wrote: > Lamun arek mah matalikeun pendosa jeung bebendon..naha atuh gempa > teh sanes di panjara, Lokalisasi, panti Pijat, Bank > Century.jrrd.......... Wah Bah matalikeun lini jeung pendosa di Jakarta mah, engke mucunghulkeun anggapan "The Gods Must be Crazy", nu boga dosana tetep senang=senang di Jakarta, nu diruang kerepesna rakyat leutik di Cianjur kidul..... Baktos, WALUYA

