> "Ii Sumirat N." <sumi...@...> wrote:
> Ari ceuk kuring pribadi mah bebendon atawa sanes tinggal ningali 
> diri sorangan kumaha ?

Leres  pisan Kang, umpama saurang jalmi ngarasa diri pribadina nuju "dibenduan" 
ku Gusti, nya teu nanaon da meureun hartina intropeksi diri. Tapi ari 
nyebutkeun batur nuju "dibenduan" ku Gusti mah, komo kanu keur keuna musibah, 
kacida teuing.

Tadi oge keur Jumaahan, khotib teh khotbahna teu jauh perkara bancang pakewuh. 
Ngan teu kira-kirana teh angger we nyebutkeun yen bancang pakewuh lini teh 
hukuman ti Gusti, malah teges-teges nyebutkeun lain kulantaran phenomena alam. 
Kuring ukur bisa gigideug, teu satuju, ngan teu bisa protes, da piraku kudu 
ngacung mah!

Ngajak balarea nuju kana kalakuan hade, hiji pagawean anu mulya, ngan atuh tong 
nyebut bebendon sagala. Karunya ka para korban, geus puguh keuna musibah, der 
deuih "dikampanyeukeun" meunang bebendon kamana-mana ....

Baktos,
WALUYA

Kirim email ke