Janten emut ka naskah Sunda kuna, asana mah dina Carita Pantun Ramayana, anu nyebutkeun "Inggis bitan maut hinis, reuwas bitan numpak jeuntas." Jigana nuduhkeun rarasaan lewang, paur, sareukseuk. Hartina paribasa eta teh geus aya ti jaman bahula,, bedana, korupsi jigana can aya..heuheu
AG --- On Tue, 10/13/09, Obay tea <[email protected]> wrote: From: Obay tea <[email protected]> Subject: [Urang Sunda] Maut hinis. To: [email protected] Cc: [email protected] Date: Tuesday, October 13, 2009, 11:17 AM Maut hinis. Baheula keur budak waktu nganjang ka emang kungsi ningali anjeuna nuju masang pager awi ditalian ku hinis ngarah pageuh. Ari hinisna dibeungkeut, terus dicabut hiji-hiji lamun rek dipake. Tah waktu maut hinis dina beungkeutana sok muriding jeung aya rasa "paur" ngadenge sora seresetna hinis dipaut. Rasa anu ampir sarua karasa ku kuring waktu ngadenge berita aya dugaan pimpinan jeung mantan pimpinan KPK kabaud kasus korupsi. Leupas tina bener henteuna eta dugaan, asa leneng kuring mah ngabandungana. Persepsi kuring mah sederhana samodel kieu; Departemen Agama tempat jelema luhung ngarti agama. Departemen Diknas tempat jelema luhung ngarti atikan. Kejaksaan tempat jelema luhung ngarti hukum. KPK tempat jelema anu kacida ngartina yen korupsi teh kacida dipahingna. Jelema-jelema luhung ku elmu "etika" saperti di luhur asa cadu kudu korupsi anu nyata-nyata hiji kalakuan anu teu etis. Tapi kanyataanna mah geuning salia tina sangkaan. Ti Depag, Depdiknas, Kejaksaan, nepi ka KPK geus kaambeu aya korupsi. Lamun make teori linear; di lembaga anu ngurus "etika" wae geus korupsi, komo deui di lembaga anu ngurus non etika - (saperti, PU, Migas, Deperindag, keuangan) - pasti leuwih mahabu deui. Anu dipikasieun ku kuring ayeuna nyaeta masarakat indra "rasa" na jadi baal alatan lobana korupsi di nagri urang. Laun-laun ngadenge korupsi teh geus teu siga kuring ngadenge seresetna hinis dipaut. Wallohu'alam. Obay. ~Suling aing tulang maung ditiup torotot heong....~ Windows Live: Friends get your Flickr, Yelp, and Digg updates when they e-mail you.

