Baruk engkang seneng nguseup, ari sepah kapungkur mah sagala oge kedah wawartos heula ulah "mipit teu amit ngala teu menta", biasana ari ngala lauk aya jangjawokanana :
Aki Batara Gangga nu ti girang
Aki Batara Ginggi nu ti hilir
aing menta ingon ingon
geura top!
(Naskah koleksi Bapa Moh.E.Idris,Wanayasa)
________________________________
From: gunadi_...@yahoo. co.id
Baraya etang-etang ngantosan wanci, hayu urang nguseup..sing mucekil nya....

