Urang sakabeh pasti percaya, yen sagala nu diciptakeun ku Allah/Gusti/jsb, eta 
milik Allah/Gusti/jsb, boh nu katingali (alam lahir) kitu oge nu teu katingali 
(alam batin). Urang coba bae di alam lahir, unggal nagara boga pangawasana, 
unggal provinsi/kabupaten/kecamatan atawa unggal wewengkon, malahan hiji petak 
lahan atawa imah oge aya pangawasana atawa aya nu bogana, nu hakekatna mah 
dikawasakeun jeung kersaning  Allahi. Tah ku lantaran urang boga anggapan yen 
eta kabeh ge milik Allah..... kabayang teu mun urang asup ka hiji nagara, naha 
cukup ku menta idin ka Allah?, urang asup ka imah batur, naha cukup ku ngomong 
atawa menta idin ka Allah. urang butuh kembang nu aya di pakarangan batur terus 
bae urang metik eta kembang naha cukup ku menta ka Allah, aya pare di sawah 
batur terus bae dipenen, bari cukup ku mrnta ka Allah....Naha cukup kitu?????'

Tah lamun di alam lahir berlaku kitu, meureun di alam nu teu katingali ge, 
wajar mun Allah oge mere kakawasaan ka mahluk nu teu katingali di hiji 
wewengkon (pan pada percaya cenah lian ti manusa teh aya oge mahluk lian nu 
sifatna teu katingali). Tah kulantaran cenah jalma mah mahluk Allah yang paling 
unggul diantara mahluk lianna....ceuk kuring mah kacida wajar jeung santun 
pisan mun kabiasaan luluhur urang boga tata krama mipit amit, ngala 
menta....sabab pamahaman luluhur urang, yen di alam dunya ieu aya mahluk lian 
nu teu katingali nu dikawasakeun di hiji wewengkon, matak dina jangjawokan 
atawa pantun nu aya di Kanekes, oge dina sasadu teh sok disebut "bisi aya nu 
kasiku...bisi aya nu katajong ...jeung sajabana....hampura lain kami 
deleka...jst...., pon kitu deui model nu dihandap disabit Batara Gangga nu aya 
di girang....dst......Hal nu kieu lain ngandung harti mi-Allah/mi-gusti atawa 
miduakeun Allah/Gusti ....nu cenah disebut musyrik,,,, tapi bukti
 saling ngahargaan sasama mahluk Allah/Gusti.  Naon rugina keur urang mun oge 
ngahargaan sasama mahluk Gusti????? jeung lamun peta kitu naha bakal ngurangan 
kitu kawibawaan Gusti Allah teh....? Mangga dilenyepan...hampura nun.

cag.
Engkus

--- Pada Kam, 15/10/09, Gagak Bandung <[email protected]> menulis:

Dari: Gagak Bandung <[email protected]>
Judul: Re: [Urang Sunda] Nguseup
Kepada: [email protected]
Tanggal: Kamis, 15 Oktober, 2009, 6:04 PM






 




    
                  Jigana leres mang, sok sanajan aya jangjawokan nu nyabit2 
jenengan Allah katut Nabi Muhammad, malah rea nu mamawa sahadat sagemblengna, 
tapi pabaur keneh jeung kapercayaan titinggal karuhun nu beh ditu, nu jauh tina 
tauhid. Nu disambat lain Allah jeung Rasulullah bae, tapi oge bangsaning 
dedemit anu ngageugeuh di hiji tempat, atawa anu aya dina kapercayaan wewengkon 
eta, atawa anu sumberna baris kapanggih dina agama Hindu atawa Budha anu jolna 
ti India, kayaning dewa2 jeung batari2. 





From: mh <khs...@gmail. com>
To: urangsu...@yahoogro ups.com
Sent: Thu, October 15, 2009 11:03:34 AM
Subject: Re: [Urang Sunda] Nguseup

  

eta batara gangga teh, dewa walungan jigana, aya pakaitna kitu jeung walungan 
gangga di india?
-mh-


2009/10/15 Gagak Bandung <gagak...@yahoo. com>






Baruk engkang seneng nguseup, ari sepah kapungkur mah sagala oge kedah wawartos 
heula ulah "mipit teu amit ngala teu menta", biasana ari ngala lauk aya 
jangjawokanana :
 
Aki Batara Gangga nu ti girang
Aki Batara Ginggi nu ti hilir
aing menta ingon ingon
geura top!
 
(Naskah koleksi Bapa Moh.E.Idris, Wanayasa) 







From: gunadi_...@yahoo. co.id

Baraya etang-etang ngantosan wanci, hayu urang nguseup..sing mucekil nya....






____________ _________ _________ _________ _________ __
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
http://mail. yahoo.com 
 

      

    
    
        
         
        
        








        


        
        


      Nikmati chatting lebih sering di blog dan situs web. Gunakan Wizard 
Pembuat Pingbox Online. http://id.messenger.yahoo.com/pingbox/

Kirim email ke