Punten bade nambihan. Leugeut : Geutah meunang ngokolakeun nepi ka cepel pisan. Leugeut nu dipake ngaleugeut manuk nyaeta godogan geutah nangka jeung malam teuweul. Leugeut nangka : leugeut nu asalna tina geutah nangka. Leugeut teuweul : leugeut nu asalna tina malam teuweul. Teuweul : sabangsa nyiruan ngan rada leutik ; malam/ lempengan /sayang teuweul kacida cepelna sok dipake leugeut; maduna amis saperti madu nyiruan. Leuleugeuteun = kikilieun = daki hideung dina kulit atawa kulit buuk orok anu kakara brol.Miceun kikilieun kudu digosok ku minyak keletik. Ceuk indung beurang nu matak orok sok leuleugeuteun lantaran keur direuneuhkeun, indungna sok mindeng sare ti beurang. Hapunten Gagak Hideung
To: [email protected] From: [email protected] Date: Thu, 15 Oct 2009 09:52:03 +0000 Subject: Re: [Urang Sunda] Cing saha anu terang ieu bahasa Leres..leugeut teh sami sareng Lem tina geutah kai biasana geutah tangkal kajujaran atanapi geutah tangkal teureup.... aya paripaos asihan sileugeut teureup.. ssw http://cikundul3.multiply.com Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda --- On Thu, 15/10/09, pampam.zhm <[email protected]> wrote: From: pampam.zhm <[email protected]> Subject: Re: [Urang Sunda] Cing saha anu terang ieu bahasa To: [email protected] Date: Thursday, 15 October, 2009, 3:48 PM Upami teu lepat mah leugeut teh sami sareng LEM. Kapungkur, nuju bolon keneh upami ngala manuk teh ku cara di leugeut. Tah eta hartosna leugeut sakaterang sim kuring mah, mung bilih lepat punten panglereskeun. Hatur nuhun. Baktos, Pampam Recent Activity 6 New MembersVisit Your Group Search Ads Get new customers. List your web site in Yahoo! Search. Find helpful tips for Moderators on the Yahoo! Groups team blog. Celebrity Parents Spotlight on Kids Hollywood families share stories . _________________________________________________________________ Windows Live: Keep your friends up to date with what you do online. http://www.microsoft.com/windows/windowslive/see-it-in-action/social-network-basics.aspx?ocid=PID23461::T:WLMTAGL:ON:WL:en-id:SI_SB_1:092010

