Biasana jangjawokan teh dipapatkeunana ngan ukur digereyemkeun atawa ngan uni 
dina jero hate bae, disebutna rupa2 gumantung ka daerah jeung 
wewengkonna/kaperluanna bisa disebut jampe, mantra, ajian, rajah, singlar, 
asihan/kinasihan jrrd, gumelarna dina mangsa animisme/dinamisme, raket patalina 
jeung kapercayaan urang Sunda alam harita, purwakanti jeung wirahmana teh lain 
ngan saukur mibanda ajen inajen kaendahan (estetis) wungkul, tapi aya maksud2 
anu leuwih jero ti eta, nyaeta ngandung kakuatan gaib (magis), basa nu 
digunakeun oge kawilang aheng, sipatna eksitoris atawa hese ditangkep maksudna.
 
Tujuan digunakeunnana jangjawokan teh di antarana pikeun ngawasa sukma nu lian, 
sangkan diri pinunjul, sangkan pada mikaasih, sangkan bedas, salamet, gede 
sima, ludeungan, nyinglar jeung ngariksa.
 
Dina kahirupan sapopoe oge, sok teu weleh ati2, sabab rumasa lain nu wasa, atuh 
tara tinggal ti amit, nyumponan adeg2  yen mipit kudu amit ngala kudu 
menta.Nembongkeun pangajen ka nu dianggap ngageugeuh di dinya. Nu matak lamun 
rek turun kasawah, rek nyadap, rek lintar, rek mandi, geus puguh ari rek mantun 
atawa tatanggapan nu lianna mah, tara tinggal tina rajah atanapi maca jajampean.
 
Numutkeun pamendak abah Ajip, dina kahirupan buhun, jalma percaya kana kakuatan 
gaib anu ngan bisa digayuh ku cara2 jeung ngagunakeun susunan basa anu 
rakitanana geus ditetepkeun .Kitu oge henteu meunang sagawayah, ngan dina 
waktu2 anu geus ditetepkeun bae.Tur kudu jeung pameulina, lain mangrupa duit 
atawa dunya barana, tapi ku kawekel katemenna pribadi, umpamana ku jalan puasa, 
matigeni, tatapa, tirakat, ngisat diri jeung sabangsana. Ngan jalma anu geus 
nyumponan eta sarat anu pamentana baris ditedunan. Dibarung ku pantengna angen 
ngedalkeun eta pamenta, jeung dijurung ku kayakinan kana wewesen nu gaib anu 
diperih citeresna, manehna yakin pamentana baris dicumponan.
 
Panginten anu patula tali sareng jangjawokeun, kang Engkus R langkung paos 
medarkeunna, masih asli kenging pedaran ti karuhun sunda pituin. Hapunten kang 
Engkus abdi tos kumawantun mayunan akang medarkeun perkawis ieu, punten pang 
lereskeun upami lepat, tambihan upami kirang, hatur nuhun.
  
He heh, jigana sewang2 program jangjawokan tiasa jalan upami leres passwordna 
sareng spekna cekap sareng nu disaratkeun.     
 
Kang Irpan, hapunten waleranna teu tiasa nyugemakeun, panginten aya anu sanesna 
anu langkung terang.
Hapunten oge bilih aya basa/eusi nu tiasa ngaraheutkeun  manah saderek 
sadayana. 
 
Baktos abdi
Gagak Hideung

 


To: [email protected]
From: [email protected]
Date: Thu, 15 Oct 2009 10:07:55 +0700
Subject: Re: [Urang Sunda] Jangjawokan - Cing saha anu terang ieu bahasa

  



Baraya, utaman nu geus masagi,
naon nya kakuatan jangjawokan teh?
Naha dina untaian kata-na, maksudna semacam getaran harmonis samodel 
musik, tapi ieu mah harmonis tina kata.
atawa eta teh semacam password pikeun 'suatu mahluk' sangkan melakukan 
tugasna.
atawa kumaha nya ?

Gagak Bandung wrote:
> 
> Sanes mang, eta mah panginten made in jawa atanapi cihideung jigana he 
> .. he ...
> Tah ieu mah khusus keur para jomlo ( dilarang mj mah) :
> 
> Si Taruk Kucubung
> Asihan aing si taruk kucubung
> sataruk nu matak lanjung
> salambar nu matak edan
> sasoeh nu matak leweh
> lebur pucus jadi tujuh
> rempag bayah loro belah
> pegat rantunan sia
> hiap atmana bayuna
> nya aing panutan sia







                                          
_________________________________________________________________
Windows Live: Friends get your Flickr, Yelp, and Digg updates when they e-mail 
you.
http://www.microsoft.com/windows/windowslive/see-it-in-action/social-network-basics.aspx?ocid=PID23461::T:WLMTAGL:ON:WL:en-id:SI_SB_3:092010

Kirim email ke