> mh <khs...@...> wrote:
> upama noong di lembur tatangga, memang jiga kitu bah, jiga nu
> ditepikeun ku tifatul, jabatan menteri dieusian ku politisi.
> tah numatak sapanjang urang sunda ngajauhan pulitik, bakal asup kana
> kotak. hehehe.

Enya ari kituna mah. Ngan sistem katata-nagaraan urang jeung Malaysia, beda. 
Urang mah sabenerna Presidentil. DIna sistem Presidentil, Presiden boga kawasa 
pinuh dina nangtukeun menteri-mentrina teu gumantung kana parpol nu 
ngadukungna. Ieu beda jeung sistem parlementer, nu gumantung pisan kana parpol 
nu ngadukung (koalisi). Dina sistem parlementer, pemilu bisa dilaksanakeun 
iraha wae, lamun Perdana Menteri & Kabinetna beakkeun dukungan ti parlemen.

Tapi nyaeta,  Urang Indonesia mah sok resep nu "abu-abu", cenah sistem 
presidentil tapi bet siga sistem parlementer ......

Baktos,
WALUYA

Kirim email ke