> Urang Sunda Hudang Euyyy <azzo...@...> wrote: > he he he kela MJ Marty Natalegawa bener ari natalegawa mah trah > menak di garut tapi asana geus euwuh nu kitu ayeuna mah > komo sainget kuring mah den marty can sakali oge ngaku orang garut > mun ditanya keukeuh we ngaku urang jakarta
Meunang neangan tina Google, Marty Natalegawa putra ti Drs. Raden Sonson Natalegawa, urut direktur Bank Bumi Daya (BBD ayeuna digabung jadi Bank Mandiri). Ngan upama milarian tina Google nganggo kata kunci Sonson Natalegawa...nu mucunghul perkara hukum. Sonson Natalegawa kungsi dihukum ku MA perkara korupsi di awal taun 1980'an (kasus Atjay di DKI) , tapi akhirna meunang grasi ti Presiden Soeharto. Naha Pa Marty teh putrana Pa Sonson anu ieu? Nya duka teuing, ari informasina mah siga nyarambung, tapi teu jelas pisan. NU jelas Pak Marty, ceuk kuring mah cocog keur Menlu, kaasup ngora keneh jeung pinter, oge nunjukkeun turunan Sunda oge bisa pinter dina diplomasi .... Baktos, WALUYA

