naon nya?
mun make definisi yen etnis teh bangsa nu nyicingan hiji wilayah tangtu
sabenerna mah sunda teh geus euweuh dikieuna! ngan urang teu bisa mungkir
urang sunda kiwari masih loba nu ngaku, nu asa jadi ahli waris kabudayaan
karajaan sunda masih rea. titingalna oge masih keneh rea nu dipake. ku
kituna najan wilayahna mah sacara de jure geus leungit, tapi budaya sundana
mah masih aya, diaku sacara yuridis ku nagara indonesia. tah kusabab
karereanna mun ngomongkeun budaya hiji bangsa nu geus 'euweuh' leuwih nujul
ka wilayah kasenianna nya sahenteuna eta we heula nu para inohong
ditanjeurkeun. ti marty urang bisa ngudag sangkan nambah babarikeun
grup-grup kasenian nu rek makalangan di luarnegri misalkeun. keur nu sejenna
mah hayu urang pikiran babarengan :)

heueuh nulis kieu teh da bane we aya di milis urangsunda, da sabenerna mah
sunda keur kuring ukur romantisme, jeung alat komunikasi ka kulawarga jeung
ka sobat. teu leuwih! teu penting deui sunda (etnis sacara kasaluruhan) mun
deuk dibabawa ka politik mah. maksudna mun dina emprona taun 2019 kuring
jadi presiden ge kasangtukang etnis moal ieuh dipadulikeun keur milih
pembantu kuring! :)) ngan salaku jalma nu dina danget ayeuna masih keneh
resep ka kasenian jeung resep kukulayaban neang titingal sunda, kuring
embung mun eta karesep dileuleungit!! nya meureun lamun kuring rek ngumaha
masalah ieu ka nu keur makalangan di nasional, taya sanes nu munggaran ku
kuring didatangan tangtu urang sunda!! lamun eta inohong euweuh anleh kana
kasundaan mah atuh meureun kuring teh ngabentur cadas. ngan kuring ge satuju
jeung mj palebah da ieu mah inohong sa-indonesia nya tangtuna oge si urang
sunda teh teu wae hayang nanjeurkeun kasundan tapi oge kajawan, kabatawen,
kamalayon jeung ka-an-ka-an bangsa-bangsa pembentuk bangsa anyar indonesia
sakabehna! teu meunang ponteng jeung cueut ka sunda wungkul!!

gayana mah, dina hal ieu sikep mah kuring jiga hiji pentolan JIL nu mangsa
ditangtang ku lawanna sangkan ninggalkeun agama atawa ngaganti agama unggal
waktu ku jalaran si JIL eta nganggap kabeh agama sarua. si JIL ukur
ngawaler, ah cape kudu kikituan mah. geus we neruskeun nu dicekel ti kamari,
toh kabeh ge pan sarua. pindah atawa ngaganti ku nu sarua mah pan
kateuteuari. kitu deui kamandang kuring dina peretnisan, nganggap kabeh
etnis sarua, ngan bubuhan kuring dijurukeun di sumedang nya kapaksa etnis nu
nempel dina awak teh *sunda, *kagok borontokna kapaksa oge kudu micinta haha
da lamun teu cape guntaganti mah hayang unggal minggu kuring ganti, minggu
ieu sunda minggu isuk asmat misalkeun haha

halah jadi ngalantur nya? intina mah, maksud kuring keukeuh peuteukeuh
sangkan urang ulah ukur nepi ka reueus wungkul ku ayana urang sunda nu
makalangan jadi menteri teh nya kusabab hiji kuring aya di milis urangsunda,
kadua sabab kuring dipaksa kudu jadi urang sunda!! ku kituna ngarasa reueus
keur kuring mah kurang kacida!!!! kuring embung kelebet sunda teh ukur
kelebet bobodoan...

***
ngeunaang kasang tukang, atawa kabutuh urang ka kasangtukang, keur kuring
mah lamun bisa nyieun sorangan naha kudu ngumaha terus ka karuhun!! hahaha

!dudi
nb:ngeunaan noong kasundaan tina ngaran geus bias ayeuna mah, loba ngaran
menak nu geus di'paling' ku cina. pan ngaran asep wae ge aya nu urang
batawi.

2009/10/23 Waluya <waluya2...@yahoo.co.id>

>
>
> > Dudi Herlianto <dudi.herlia...@...> wrote:
> > tina kieu kuring mah jadi hayang nanya, keur naon atuh urang ngobrolkeun
> hal
> > ieu di dieu? daningmun urang hayang jadi nu dianggap sacara nasional
> atawa
> > regional nepi ka internasional teh teu kudu jadi urang sunda? lain ari
> > kahayang ieu "milis" teh nanjeurkeun sundana oge teu ukur urang sundana
> > wungkul?
>
> Hehehehe...Kang Dud, nu dimaksud nanjeurkeun sunda teh naon? Pan nu
> dimaksud teh jelemana. Jelema boga asal-usul, jeung umumna jelema perlu
> asal-usul ieu. Tingali we aran Marty Natalegawa nu teu leupas ti Raden,
> dalah anakna wae make Raden. Hartina Marty reueus kana asal-usul turunana nu
> asal Sunda. Ku aran wae, Marty Natalegawa sabenerna geus ngelebetkeun
> "bandera" Sunda!
>
> Baktos,
> WALUYA
>
>  
>
>

-- 
d-: dudi herlianto :-q
kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk

Kirim email ke