Lier ah....
Tadina milis ieu jang ocon oconan,naha jadi sararius kieu...
mani sien ah...
Jati diri urang sunda nu aslimah ngan hiji....
MUN NGOMONG BISA BASA SUNDA.......
sanes kitu kang Irpan?

  ----- Original Message -----
  From: Irpan Rispandi


    Bah Nis,
  kuring can ngarti maksud poin ka-2, naon hubunganna jeung kapercayaan kana 
karuhun. Naon hubunganna males mikir jeung karuhun.

  Terus, ngeunaan jati diri. Sunda salaku suku/bangsa, geus ngaliwatan 
mangpirang-pirang alam jeung waktu. Pikeun ngabahas jati diri hiji suku/bangsa, 
urang kudu nangtukeun heula 'bingkai waktu'na.
  misalna kieu :
  "Jati diri urang sunda ti  jaman Taruma Nagara nepi ka  Jaman Pajajaran", jsb.

  Naon sabab?
  sabab 'Jatidiri', salah sahiji komponena nyaeta kapercayaan. Sedengkeun 
kapercayaan, lain hiji hal anu kekal, salawasna robah. Jaman pra-tarumanagara, 
meureun eta jaman animisme dinamisme. Jaman Tarumanagara nepi ka Pajajaran, eta 
jamanna Agama Hindu. Jaman pasca Pajajaran runtuh nepi ka ayeuna, eta jamanna 
Islam. Terus deui saha nu nyaho, misalna jaman pasca Perang Dunia III, eta 
jamanna "Scientology", jeung saterusna.

  Sahingga lamun urang rek nyebut "Jati Diri Urang Sunda", urang sunda anu mana 
bah Nis?
  urang sunda jaman pra-tarumanagara?
  urang sunda jaman pajajaran?
  urang sunda jaman penjajahan?
  urang sunda jaman SBY?
  urang sunda jaman Star Trek?
  atawa urang sunda jaman mana?

Kirim email ke