2009/10/21 opiq_benteng <o...@lge.com>

>
>
> Lier ah....
> Tadina milis ieu jang ocon oconan,naha jadi sararius kieu...
> mani sien ah...
> Jati diri urang sunda nu aslimah ngan hiji....
> MUN NGOMONG BISA BASA SUNDA.......
> sanes kitu kang Irpan?
>
> ----- Original Message -----
> From: Irpan Rispandi
>
> Bah Nis,
> kuring can ngarti maksud poin ka-2, naon hubunganna jeung kapercayaan kana
> karuhun. Naon hubunganna males mikir jeung karuhun.
>
> Terus, ngeunaan jati diri. Sunda salaku suku/bangsa, geus ngaliwatan
> mangpirang-pirang alam jeung waktu. Pikeun ngabahas jati diri hiji
> suku/bangsa, urang kudu nangtukeun heula 'bingkai waktu'na.
> misalna kieu :
> "Jati diri urang sunda ti jaman Taruma Nagara nepi ka Jaman Pajajaran",
> jsb.
>
> Naon sabab?
> sabab 'Jatidiri', salah sahiji komponena nyaeta kapercayaan. Sedengkeun
> kapercayaan, lain hiji hal anu kekal, salawasna robah. Jaman
> pra-tarumanagara, meureun eta jaman animisme dinamisme. Jaman Tarumanagara
> nepi ka Pajajaran, eta jamanna Agama Hindu. Jaman pasca Pajajaran runtuh
> nepi ka ayeuna, eta jamanna Islam. Terus deui saha nu nyaho, misalna jaman
> pasca Perang Dunia III, eta jamanna "Scientology", jeung saterusna.
>
> Sahingga lamun urang rek nyebut "Jati Diri Urang Sunda", urang sunda anu
> mana bah Nis?
> urang sunda jaman pra-tarumanagara?
> urang sunda jaman pajajaran?
> urang sunda jaman penjajahan?
> urang sunda jaman SBY? ==> urang sunda resep di jajah he he he komo  nu
> menta menta jabatan ka SBY mah heh e he... ampun ampun....
> urang sunda jaman Star Trek?
> atawa urang sunda jaman mana?
>  
>



-- 
-----------------------------------------------------------
AGUS PAKUSARAKAN
+62 812 837 7662
www.blogs.garutleather.com
-----------------------------------------------------------
www.independen.wordpress.com

Kirim email ke