Kenging kopipaste ti facebook kang Dian Hendrayana
----------------------------

Hadiah Sastra Sunda LBSS 2008

Lembaga Basa jeung sastra Sunda (LBSS) baris masrahkeun deui hadiah sastra
pikeun kategori esey, carpon, jeung sajak. Demi karya-karya nu diajenna
nyaeta karya nu dimuat dina media citak kayaning Mangle, Galura, Cupumanik,
Sundamidang, Seni Budaya, Koran Priangan, Ujung Galuh, jeung Bina Da'wah,
dina jero sataun nyaeta taun 2008.

Para pinunjulna baris diumumkeun dina dinten Saptu, 24 Oktober 2009, di
Gedung YPK, Jl. Naripan no. 7 Bandung, tabuh 09.00 WIB dugi ka rengse.
Ka sugri sadayana, dihaturanan sumping kalawan panceg dina waktosna. 

Baktosna pun

Dian Hendrayana
Pupuhu Panitia

Kirim email ke