Wah, hebadh MJ, abong ahlina kana wangunan jaba dipoles ku bodor janten kereeen.... :)
Wilujeng & ngiring bingah, ro2 >>> [email protected] 10/26/09 11:41AM >>> Rupa atawa wangun nu aya di alam dunya ieu loba pisan jeung moal kaitung. Ku manusa modéren kaayaan kitu disederhanakeun atawa diringkes kana tilu rupa dasar, nyaéta pasagi, segitilu jeung buleud. Eta tilu rupa dasar dipaké dina élmu Matematika utamana Géometri jeung dina éstetika Seni Rupa. Duka kumaha sasakalana, éta rupa dasar téh aya dina babasan atawa paribasa di urang cara conto di luhur. Tapi dina henteuna aya patali marga, bisa jadi sarua dina inditna: sarua nyokot conto rupa dasar nu aya di alam, dumasar kana kasampurnaan alam jieunan Pangéran. Nu jelas, masing-masing rupa éta sanajan dina wanda nu béda tapi sarua ngandung pihartieun kaayaan sampurna atawa suci. Pasagi pikeun ngagambarkeun kalakuan nu sampurna, buleud pikeun tékad atawa kayakinan nu sampurna, segitilu pikeun tempat nu sampurna *dina harti suci atawa sakral. Mang Jamal Keur nalungtik éstetika Sunda dina artéfak budaya padumukan. --- Dimuat majalah basa Sunda Cupumanik, edisi Maret 2008

