Wilujeng Mj, seueur pisan tuladaneuanana, pamugi manfaat kanggo sadayana. Amin.
manar 2009/10/27 <[email protected]> > > > Alhamdulillah,mj simkuring atas nama paguyuban sabilulungan lombok-NTB > ngiring bingah,sukses slalu kangge mj. > > Sent from my BlackBerry® smartphone from Sinyal Bagus XL, Nyambung > Teruuusss...! > ------------------------------ > *From: * [email protected] > *Date: *Mon, 26 Oct 2009 11:41:32 +0700 > *To: *<[email protected]>; <[email protected]> > *Cc: *<[email protected]> > *Subject: *[Urang Sunda] horeeee juara I esey LBSS 2009 > > > > > alhamdulillah, esey si kuring nu dimuat majalah basa Sunda Cupumanik, nu > judulna "Masagi" jadi pinilih (juara) ka hiji ku Lembaga Basa jeung Sastra > Sunda (LBSS) pikeun taun 2009. juri kategori esey, abdullah mustappa, > teddy a.n muhtadin (dosen sastra sunda unpad), hawe setiawan. salah sahiji > alesana, esey si kuring mesek babasan paribasa sunda :masagi, buleud jeung > nyungcung (segitilu=juru tilu) kalayan dianalisis hartina nu pakait jeung > religiositas, senirupa/estetika, matematika, jsb. > > acara pamasrahan hadiah kamari saptu di gedong ypk jl naripan bdg. hadiah > duit opat juta rupiah. > > sanggeus sawareh disetor ka penjaga gowah di imah, oge masihan ka pun > biang nu kaleresan sumping ngalongok, oge ka ibu mertua -meh adil- sesana > bieu dibelikeun euro, pikeun tambahan bekel jang di leiden. 1,6 jutaan > meunang 115 euro. heuheu. > > juara ka dua, Burjo (bubur kacang ijo) kenging kang Asep Budi Setiawan, > urang dinas parbud kuningan. esey ieu dimuat galura, eusina ngabahas > tukang bubur kacan ijo nu kabeh urang kuningan di yogyakarta. cenah aya ka > 400urang tukang burjo di yogya, jst. sigana poin juri dina esey ieu, > ngagunakeun basa sunda pikeun ngabahas ekonomi, jst. > > juara katilu, he love deui namina, judulna masarakat adat. > > ---- > ieu artikel juara teh :) > > Masagi > > Ku Mang Jamal > > Alam dunya nu éndah ieu dicipta ku Pangeran. Kusabab diciptana ku > Pangéran, tangtu rupa atawa wanguna hadé jeung sampurna. Kasampurnaan alam > ieu sok dipaké pikeun siloka kaasup dina babasan jeung paribasa. > Karancagéan kolot baheula enggoning ngarumuskeun jurus pikeun > nyanghareupan hirup jeung kahirupan, salah sahijina dina wangun babasan > jeung paribasa, sawaréh dijieun ku cara siloka nu nginjeum ti kaayaan alam > éta. Model atawa rupa suhunan imah vernakular di Tatar Sunda make conto > alam, boh manuk boh mangrupa sato. Diantarana ranggon –ti manuk ranggon; > julang ngapak, badak heuay, tagog atawa jogo anjing, jeung galudra ngupuk. > > Cara niru ka alam oge aya dina ngagambarkeun kageulisan hiji wanoja, > ditataan maké rupa nu aya di alam bari ditambahan sangkan jentre: angkeut > endog sapotong, ramo pucuk eurihan, lambéy jeruk sapasi, halis ngejelér > paéh, cangkéng lenggik nanding papanting, taar teja mentrangan, damis > kuwung-kuwungan, bitis héjo carulang, jst. Jadi kageulisan atawa kaendahan > dirupakeun tina kombinasi rupa nu aya di alam. Malah sangkan leuwih afdol, > simbol tina rupa alam dijentrekeun jeung kaayaananana pikeun mastikeun nu > dimaksud kalayan sampurna. Saperti dina ngagambarkeun gado, nu geulis mah > disebutna oge angkeut, nu hade diibaratkeun ku rupa endog tapi kudu > sapotong. halis istri nu geulis kudu siga jelér paéh, da mun jelérna hirup > mah duka kumaha rupa halis teh. Jadi sangkan ngajepatna hade, teu usik teu > malik luhureun panon, nya dipaehan heula tah si jeler teh! > > Eusi babasan jeung paribasa diantarana ajaran moral atawa etika nu oge > bisa disebut falsafah pikeun ngalakonan hirup. Ilaharna mangrupa siloka > atawa perlambang nu ngandung harti jero bari dirangkéy ku basa nu ringkes, > jadi gampang ngingetna. Karasana pantes kénéh dipaké ayeuna oge jaga, teu > keuna ku waktu kadaluwarsa da teu make bahan tambahan siga formalin. > > Mun urang bingung kudu kumaha gaul boh jeung papada manusa atawa jeung > mahluk liana, aya jurusna, diantarana kudu hade gogog hade tagog -siloka > maké sipat kaayaan sampurna sato nu aya di alam. Pihartieunana, hirup kudu > hade dina nyarita oge dina tingkah laku, ucapan jeung kalakuan kudu sarua > alusna. > > Sababaraha babasan atawa paribasa make kecap injeuman tina rupa atawa > wangun, nyaeta pasagi, buleud jeung segitilu. Kecap pasagi aya dina dina > babasan hirup kudu masagi. Naon sababna prak-prakan hirup nu hade > diibaratkeun kana rupa pasagi? > > Masagi téh kecap gawé ti kecap kaayaan atawa sipat pasagi. Nu disebut > pasagi nyaeta rupa kotak – rupa nu dijieun ku opat sisi nu sarua ratana > atawa lempengna, tur ukuranana sarua. Pasagi nunjuk ka rupa nu sampurna > dina kanyataanana Biasana dilarapkeun utamana dina perkara ngalakonan > urusan dunya jeung ahérat atawa agama jeung darigama tea. Sipat pasagi > ngandung harti yén hirup téh boga sisi atawa widang nu teu ngan hiji atawa > sarupa. Sagala widang kahirupan kudu dilakukeun kalayan saimbang. Cara > urang hirup ayeuna di dunya, salian ti kudu mikirkeun kaperluan hirup di > dunya, oge kudu kukumpul amal-ibadah pikeun bekel engké jaga di aherat. > Ogé yén urang kudu sagala bisa atawa mahér sagala rupa, sabab hirup teh > teu gampang jeung loba pisan unak-anikna nu urang kudu bisa sangkan urang > hirup teu kadungsang-dungsang sangsara alatan euweuh kabisa. Ringkesna, > pasagi dijadikeun conto kumaha hirup kudu dilakonan. Sipatna tindakan > atawa kalakuan. > > Duka kumaha sasakalana, pasagi éta dina basa Indonesia mah maké mamawa > bujur sagala, enya, bujur sangkar tea. Sigana sangkar teh ti basa Minang > pikeun pasagi, da di Sumatera Kulon aya lembur ngarana Batusangkar, > pastina di dinya aya batu nu rupana ngaharib-harib ka rupa pasagi. Kecap > sangkar éta tuluy dipaké oge pikeun rorompok manuk dina basa nasional, > sanajan rupana geus teu pasagi deui. > > Rupa pasagi teu pati jentré ayana di alam. Dina ayana oge sigana ngan ukur > ngaharib-harib, teu saklek rupa pasagi. Da ongkoh rupa pasagi mah dijieun > ti opat sisi nu tiap juruna kudu nyékon -kecap ti parabot tukang bas, > pasékon- nu hartina opat juruna mun diukur persis 90 darajat téa. Rupa > pasagi loba dipaké pikeun wangun parabot sapopoé nu dijieun tina awi, > diantarana nyaéta bésék, pipiti, suku boboko, hihid jeung sajabana. Rupa > pasagi nu kawentar kamana-mendi utamana pikeun muslim sabab sok di > datangan ari naik haji tangtu Ka’bah di Mekah. Ceuk si cenah, harti Ka’bah > atawa kufah teh cenah pasagi. Kaligrafi nu tulisanana ngaharib-harib ka > rupa kotak disebut kufah atawa kufik. > > Salian ti rupa pasagi, rupa atawa wangun nu dipaké dina babasan nyaéta > buleud. Cara dina kalimah “Niat kudu buleud”. Rupa buleud teh dijieun tina > garis nu tungtungna panggih, bari jarak ti tengah ka unggal sisi sarua. > Dina Matématika mah istilah na “jari-jari atawa “r”, tina radian atawa > radius téa. Niat urusanana jeung sikep yakin, patali ogé jeung sikep > méntal. Pikiran jeung tindakan ngahiji, siga garis buleud. > > Rupa atawa wangun buleud aya jeung loba di alam. Diantarana panonpoé, > bulan, katumbiri, ombak leutik dina balong mun urang nyemplungkeun batu, > daun taraté, jsb. Dina parabot vernakular nu tina awi, rupa buleud dipaké > pikeun rupa tampir, nyiru, telebug, téténong, ayakan, jsb. > > Rupa buleud sok dipake perlambang kasampurnaan nu sipatna ideologis kaasup > tauhid atawa kaimanan. Bulan atawa panonpoé nu rupa dasarna buleud dipaké > pikeun lambang nu islami. Ngan sangkan teu pahili jeung sorabi, bulan > digambarna sapasi, ongkoh sangkan masih aya tempat pikeun béntang. > Panonpoe dijadikan lambang salah sahiji ormas Islam -sangkan teu pahili > jeung rupa buleud séjéna- ditambahan ku garis nu nyebar ti sisi buleudan > nu hartina cahaya. Lambang bendera Jepang buleud beureum, nyimbolkeun > panonpoe isuk-isuk. Pikeun ngagambarkeun manusa suci, dina seni lukis > Nasrani, sirah manusa sok dibéré buleudan bodas nu disebut halo. Dina > pulitik (nipu rahayat leutik) sok kadéngé istilah kebulatan tekad hiji > partey atawa rombongan manusa dina raraga ngadukung hiji calon. > > Rupa séjén nyaéta nyungcung. Cara dina kecap “ka balé nyungcung” siloka > pikeun dirapalan atawa akad nikah. Balé nyungcung ieu babasan pikeun > tempat suci atawa sakral utamana masigit. Sigana baheula akad nikah umumna > dilakukeun di masjid supaya leuwih afdol sabab tempat suci jeung ari nikah > teh apan upacara suci ogé. Suhunan masigit baheula umumna maké suhunan > model tropis nu numpuk siga gunung. Pangluhurna biasana segitilu lobana > opat nu dipasangkeun condong pahareup-hareup, ngawangun rupa limas. > Suhunan modél kitu biasana disebut limasan, tapi katémbong ti hiji sisi > mah segitilu. Jadi istilah nyungcung téh pikeun rupa limas nu dijieun tina > opat segitilu. Dina suhunan, segitilu ieu dua sisina nu tangtung sarua > panjangna jeung sarua darajat condong atawa miringna. Beh dieu, suhunan > masjid aya nu meunang impor ti tanah Arab, nya kubah téa nu rupana > belenong. Sanajan sabenerna mah rupa kubah ieu ogé dijadikeun suhunan > katédral cara di Italia ogé Russia. > > Rupa nu ngaharib-harib ka segitilu aya di alam, contona gunung Cikuray di > Garut, siga pisan segitilu: dua sisi condong panggih di puncak, nu hiji > mah ngadapang dina taneuh. Dua sisi nu condong éta nyiptakeun rupa > nyungcung nu nunjuk ka langit –dihartikeun nuju ka Pangéran. Jadi kaharti > mun ku karuhun gunung dianggap suci atawa sakral, salian ti tempat bijilna > cai pikeun kahirupan, oge dipaké pikeun tempat muja, tempat karamat, makam > atawa astana, nu ayeuna sok disebut situs purbakala atawa sajarah tea. > Kusabab di Mesir mah euweuh gunung cara di urang, nya Fir’aun nyieun > gugunungan badag nu disebut piramid tea nu umumna dipake pikeun nyimpen > jasadna. > > Rupa atawa wangun nu aya di alam dunya ieu loba pisan jeung moal kaitung. > Ku manusa modéren kaayaan kitu disederhanakeun atawa diringkes kana tilu > rupa dasar, nyaéta pasagi, segitilu jeung buleud. Eta tilu rupa dasar > dipaké dina élmu Matematika utamana Géometri jeung dina éstetika Seni > Rupa. Duka kumaha sasakalana, éta rupa dasar téh aya dina babasan atawa > paribasa di urang cara conto di luhur. Tapi dina henteuna aya patali > marga, bisa jadi sarua dina inditna: sarua nyokot conto rupa dasar nu aya > di alam, dumasar kana kasampurnaan alam jieunan Pangéran. Nu jelas, > masing-masing rupa éta sanajan dina wanda nu béda tapi sarua ngandung > pihartieun kaayaan sampurna atawa suci. Pasagi pikeun ngagambarkeun > kalakuan nu sampurna, buleud pikeun tékad atawa kayakinan nu sampurna, > segitilu pikeun tempat nu sampurna –dina harti suci atawa sakral. > > Mang Jamal > Keur nalungtik éstetika Sunda dina artéfak budaya padumukan. > --- > Dimuat majalah basa Sunda Cupumanik, edisi Maret 2008 > > >

