Ngiringan ah*
Wilujeng angkat MJ, mugia salamet dugi ka Nagri Kolecer...
Wilujeng ngalap elmu, mugia lungsur langsar, kacandak hasilna ka lemah cai...
Wilujeng sesepedahan, kade mun geubis gugah kunyalira nya? heuheu*

Salam ka Nden Beatrix,
ro2

>>> [email protected] 10/28/09 02:17PM >>>

Wilujeng angkat mang J. mugi sing mulus banglus kalayan
hasil anu mucekil....
Insya Allah ngiring jajap ku pangdu'a

ssw
http://cikundul3.multiply.com
Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda
Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda


--- On Wed, 28/10/09, mj <[email protected]> wrote:


From: mj <[email protected]>
Subject: [Urang Sunda] isuk sore ngapung..neda pidu'ana.
To: [email protected]
Date: Wednesday, 28 October, 2009, 11:23


  


Insya Alloh, isuk sareueuh budak, jam 7.50 peuting, baris ngapung ti cengkareng 
ka kuala lumpur. Ti dinya ka amsterdam langsung. Nepi ka schiphol jumaah jam 
6.05. total di langit 15 jam. Neda piduâ€*ana ti sadaya baraya kusnet.
Meunang kawawuhan anyar di leiden ngaliwatan facebook, kang Deni urang Cimahi, 
kang Syaiful Rahman urang Sukabumi, jeung bang Novelina Musda, urang UIN Ar 
Raniry Padang nu keur S2 arsitektur. Kang Deni oge kang Rahman (nu gaduh milis 
baraya_su...@yahoogroups. com)  gaduh istri urang walanda, dumuk di leiderdorp 
gigireun pisan leiden & wassenaar-deukeut ka leiden. Kang Deni malah bade 
ngajemput cenah da damelna tiasa ngawitan jam 10an.
Tempat kos can meunang, engke we geus di leiden rek neangan. Mudah-mudahan 
sapoe dua poe meunang. Aya usul ti kang Deni Suwarja, ngendong we di bumi neng 
Julia cenah, sihoreng ratu Juliana, duka geus kamana. Ayeuna mah aya ge neng 
Bety (ratu beatrix), tapi sigana di karaton amsterdam. Heuheu.
Rada lieurna teh kos di negri batur mah kudu aya deposit, teu cara kos di 
urang, jadi mun sewa kamer 400 euro, kudu nunda deposit/borg, borgna sakitu oge 
atawa kurang saeutik. Borehdipulangkeun mun beak kontrakan jeung kondisi kamer 
hade. Mun jadi goreng, borg teu dibikeun.  Padahal bekel pas-pasan, pikeun 
living cost/biaya hirup:kost+dahar â€"meunang nginjem ieu ge ti pangulinan, da 
beasiswa ti dikti can turun-turun). Ngan salah salima fasilitasna, di kamer aya 
internet, kari colokeun kabelna cenah. 
Itungan kasar, sabulan sarebu euro x 3 bulan, kamari nukeur duit, 1 euro = Rp 
14.240. nya bekel pikeun kos jeung eusi peujit oge ongkos. Kang Rahman bade 
nambutkeun sepedahna. Da leiden mah cenah full sepedah. Haha. nuhun pisan. Tapi 
duka ari tiris pisan mah. Sesana uang buku jeung askes (travel insurance). 750 
euro, tapi askes tos meser nu 120 usd. Kudu mayar tuition fee, urang olo we si 
profesorna, sugan bisa haratis. Nenek moyangmu dulu ngajajah hindia belanda, 
meneer, plis gratis, nya.  haha. rencana mah rek tapa di perpustakaan KITLV, 
sugan manggih nu diteangan. Ngan mun dina ayana heug sadayana dina basa walanda 
wungkulâ€|duka dikumahakeun tah. Nya milari we nu english-indonesia- sunda. 
Haha. 

Geus bisa basa walanda sakecap, dank u. nu sejena mah hoferdom! Carek walanda 
dina film perjuangan baheula. Ik inlander van bandung. Haha. 

Kirim email ke