dongeng meureun nya kang raket ieu mah? dudi nambih: ari eta naek kareta api nu jam sabaraha kang? kuring ge unggal isuk naekan krl ekonomi nu jam 07:02 (jadwalna mah, ari kanyataanna mah apal meureun haha). sugan we kuring pernah nempo kang raket haha.. tapi mun ningali dina kareta bisa sabari maca mah jigana kang rakit mah kana pakuan nya?
2009/10/29 killy kitik <[email protected]> > > > isuk-isuk dina kareta bogor -jakarta maca Jurnal Bogor rubrik "lembur > Urang" > asa rada nyambung sareng warta anu dihandap... > > Obrolan di Bumi Kiai > > Jurnal Bogor, 29 October 2009 oleh jayadi > Rubrik: Lembur Urang <http://www.jurnalbogor.com/?cat=35> > > [image: Untitled-226] > “Salian ti Pulo Jawa, loba ogé anu ti luar Jawa, malah aya anu ti > Kalimantan jeung Papua sagala. Teuing ti mana meunang béja yén di dieu aya > pasantrén. Sabab Kiai Ujang mah jigana asana téh tara masang iklan, boh di > Koran atawa di majalah komo di internet mah,” ceuk Firman. > Sanggeus ngobrol, reureuh bari jeung disuguhan sagala, kakara kuring > meunang gambaran kunaon pangna pasanatrén anu dipingpin Kiai Ujang pada > ngadeugdeug téh. > “Pantes wé lamun loba santri loba anu harayang masantrén di dieu,” pok téh > dina jero haté. Sabab salain ti daréhdéh, soméah hade ka sémah, Kiai > Ujangna luhung ku élmu loba pangabisa. Salian ti faséh urusan agama, > anjeunna paham pisan kana urusan nu séjénna ti mimiti psikologi, ekonomi > kaasup politik. Anu matak hookeun dina cara ngajelaskeunana mani pérélé > jeung ngéntép seureuh lamun ceuk basa ayeuna mah sistematis. Basa kuring > jeung ki sobat rék kacai, maksud téh rék mandi kusabab awak mani asa > cararepel, Kiai Ujang téh nyaram. > “Ké antosan sakedap, satengah jam deui siramna, ayeuna mah urang > ngadongénga heula,” pokna téh bari barabat nyaritakeun pangalamanana. > Pa Kiai téh boageun sobat dalit pisan, ngaranna Kusén, anu lima taun > katukang meunang hidayah, jadi jalma soléh sarta kagiatan kaagamaanana jadi > picontoeun. Lain ngan saukur rajin ngaji, dalah kahirupan sapopoéna ogé estu > matak kayungyun, dina kitu téh lain ngan saukur pikeun dirina wungkul tapi > diterapkeun ka kulawargana. Istri jeung ank-anakna dididik kalayan Islami, > ti mimiti cara papakéan nepi ka hirup kumubuh jeung batur salembur sarta > jeung sasama. Ngan kitu téa, aya paribasa kalapa samanggar tara alus kabéh, > dianatara anak-anakna téh aya anu rada mahiwal kaliwat saking, nyaéta anakna > awéwé pangcikalna. Budak téh jiga nu ngadoja pisan, sikep ka indung bapana > kurang tatakrama, jeung teu beunang diomongan. Gawéna ngan ukur gunta-ganti > lalaki, balikna ogé seringna mah lain wayah. > “Kulantaran teu beunang dinaséhatan, jeung ngeselkeun pisan, antukna éta > budak téh digebukan,” saur Pa Kiai. > “Teras kumaha Pa,” cékéng téh panasaran. > “Enya sanajan geus digebukan ogé budak téh lain kalah sadar, tapi beuki > ngalawan, ah pokona mah, Ki Sobat téh nepi ka ngarasa wiring di kolong > catang.” > Saur Pa Kiai, hiji waktu Ki Sobat téh dongkap ka anjeunna, bari sasadu > ménta bongbolongan. > “Tah… tah kumaha saterasna ajengan,” ceuk Firman. > “Enya ceuk Bapa téh pan anjeun wawuh jeung Islam, enya disebut wawuh téh > daék ngaji daék salat wajib jeung sunat, kakara lima taun. Sedeng anak > anjeun téh umurna geus tujuh belas taun. Boa-boa keur ngahiji jeung > pamajikan teu inget bismililah-bismillah acan, boa-boa keur mabok keur teu > inget ka Nu Nyiptakeun. Jadi ulah nyalahkeun budak, salahkeun diri sorangan, > Anggursi tobatan tah kalakuan anu ti heula téh, boa-boa panyababna ti dinya. > Dikitukeun téh segruk wé ceurik balilihan. Da enya atuh, kumaha rék boga > budak soléh atawa soléhah, geus mah tibarang ngawajibanana keur teu sadar, > komo nepi ka ngala wudu heula mah, kabéhdieunakeunana diparaban ku barang > anu asal-usulna kurang alus, nya katambah-tambah. Tuh ayeuna mah geus > waktuna mandi,” sanggem Pa Ustad bari nunjuk kana jam anu ngadaplok dina > tembok, meneran jam dua belas peuting. > Jadi wé kuring jeung ki sobat téh mandi tengah peuting bari mikiran kunaon > kudu ngadagoan tengah peuting ? Kawas lagu anu dibawakeun ku Chacha Handika; > Mandi kembang tengah malam > Jangan kau lakukan… > Kalau hanya………jst > Hanjakal kuringna keur teu mawa kembang! > > *Ku: Dadang H. Padmadiredja* > > ** > -- d-: dudi herlianto :-q kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk

