Wilujeng Wa Sas,
Emut ka dongeng pun Bapa (Alm). Kantos aya sidak ka kantorna, boro weh tihothat 
beberes di sabudeureun kantor, ari pek teh nu sidak teu sindang kamana-mana 
heula, tapi langsung ka jamban. Sihoreng saurna, ciciren bersih henteuna hiji 
jalmi tiasa katingali tina jamban di bumina. Kitu deui kantor, gedong srrd 
gumantung kana kaayaan jambanna. 

Ayeuna mah tos rada kirang jamban/pancuran nu dianggo sasarengan di pilemburan. 
Buktosna di lembur abdi, basa abdi alit keneh,  jamban nu biasana pasesedek 
pinuh kunu bade nyeuseuh atanapi gegeroh  ayeuna tiiseun da cai PAM nu sumberna 
ti Cimanuk tos lebet ka bumi sewang-sewangan. Batur sasumur teh lami-lami tiasa 
tumpur, tapi saena kabersihan jamban janten teu paandel-andel nu tungtungna mah 
janten jorok sadayana.

MJ, Alhamdulillah tos salamet ningan* ayeunamah tos dihurungkeun panginten 
pemanasna*. Ningali dina pelem-pelem, pan bule mah sok aya "perapian" nya? Di 
urang ge sok aya perapian alias hawu heuheu... Wararaas ari kabulusan teh, nuju 
aya keneh Ene (nini)* siduru na payun hawu bari meuleum sampeu, mubuy hui 
atanapi lauk asin pisan, semu tutung dicoel ku sambel goang direncangan ku daun 
sampeu* hmmmm* jadi lavar...

ro2


>>> [email protected] 10/31/09 11:59PM >>>
wilujeng wa sas.

ieu abdi bade nyerat tapi katirisan kieu heuheu. pemanas ruangna ketang
teu acan dihurungkeun. hehe

> Kutrat kontret ngeunaan toilet umum di Bandung, geuning dimuat di Kompas
> Jabar 30 Oktober 2009 di rubrik Forum.
> Tiasa di aos di dieu
> http://cetak.kompas.com/read/xml/2009/10/30/15433717/toilet.umum.di.bandung
>
> MSas
> http://rumahbacabukusunda.blogspot.com

Kirim email ke