Waas eta Teh Roro, cindukul hareupeun hawu bari ngabubuy hui. enya kuring
oge ngalaman baheula basa keur aya pun aki jeung nini (Aki & Nini MJ oge)
sok ngadong ngabubuyan siski nangka, ting beletuk mun geus askna teh. Komo
deui mun susum hujan tambah nikmat. Atawa meuleum peuyeum sampeu terus di
coelkeun kena gula meyed panas-panas. Kacida ngeunahna....
Iraha jiga kitu deui. rarsaan teh meni tentrem hate mun ngalaman kitu deui.
Tah ka MJ, mun bari siduru kudu ngabubuyan siki nangka nagarah tambah
nikmat.
Mekel teu siki nagkana?

salam
jangdede


2009/11/2, Roro Rohmah <[email protected]>:
>
>
>
> Wilujeng Wa Sas,
> Emut ka dongeng pun Bapa (Alm). Kantos aya sidak ka kantorna, boro weh
> tihothat beberes di sabudeureun kantor, ari pek teh nu sidak teu sindang
> kamana-mana heula, tapi langsung ka jamban. Sihoreng saurna, ciciren bersih
> henteuna hiji jalmi tiasa katingali tina jamban di bumina. Kitu deui kantor,
> gedong srrd gumantung kana kaayaan jambanna.
>
> Ayeuna mah tos rada kirang jamban/pancuran nu dianggo sasarengan di
> pilemburan. Buktosna di lembur abdi, basa abdi alit keneh,  jamban nu
> biasana pasesedek pinuh kunu bade nyeuseuh atanapi gegeroh  ayeuna tiiseun
> da cai PAM nu sumberna ti Cimanuk tos lebet ka bumi sewang-sewangan. Batur
> sasumur teh lami-lami tiasa tumpur, tapi saena kabersihan jamban janten teu
> paandel-andel nu tungtungna mah janten jorok sadayana.
>
> MJ, Alhamdulillah tos salamet ningan… ayeunamah tos dihurungkeun panginten
> pemanasna…. Ningali dina pelem-pelem, pan bule mah sok aya “perapian” nya?
> Di urang ge sok aya perapian alias hawu heuheu... Wararaas ari kabulusan
> teh, nuju aya keneh Ene (nini)… siduru na payun hawu bari meuleum sampeu,
> mubuy hui atanapi lauk asin pisan, semu tutung dicoel ku sambel goang
> direncangan ku daun sampeu… hmmmm… jadi lavar...
>
> ro2
>
> >>> [email protected] 10/31/09 11:59PM >>>
> wilujeng wa sas.
>
> ieu abdi bade nyerat tapi katirisan kieu heuheu. pemanas ruangna ketang
> teu acan dihurungkeun. hehe
>
> > Kutrat kontret ngeunaan toilet umum di Bandung, geuning dimuat di Kompas
> > Jabar 30 Oktober 2009 di rubrik Forum.
> > Tiasa di aos di dieu
> >
> http://cetak.kompas.com/read/xml/2009/10/30/15433717/toilet.umum.di.bandung
> >
> > MSas
> > http://rumahbacabukusunda.blogspot.com
>
> 
>

Kirim email ke