heuheu beu edas horeng sanes kasar nya ceu? jorang? aduh kumaha nya da teu aya maksud, da rarasaan mah mindeng oge eta si bulu kumuut teh dilarapkeun ka buluna budak leutik, nu kakarak jadi :p
jadi, jorang ge bongan ceu indri sorangan da, bongan nanyakeun bulu kumuut. ka dituna nu pasti bongan nya eta bah surtiwa, bongan sabab nyabit-nyabit bulu kumuut, saterusna nu bongan ceu roro ku anjeun make ngagejeburkeun jejer oncom jadi weh bah iwa nyebut bulu kumuut.... nu bongan bisa dilanjut kalayan moal nepi ka puhuna, saha nu pangbongan-bongan (pang loba-lobana bongan). nu pasti kuring mah ukur sakali bongan, ceu indri dua, bah iwa tilu, ceu roro opat. haha anyir uing keur cageur euy!! o enya, keur ceu indri mah memeh tulus pamit (enya kitu salawasna?) neda agung cukup lumurna, hampura kuring, hapunten (bisi dianggap) salah :) ngan nu pasti hampuraeun mah sabab kuring pikasepe(le)un xixixixi 2009/11/4 Roro Rohmah <[email protected]> > > > Teh Indri, sanes kasar… tapi jorang alias jorok hehehe.. > Dasar pameget mah kitu da… jigna teh kadinya deui… kadinya deui… harav > maklum.. margi di milis ieu mah nu aktif seuseueurna pameget. > Tong pundung atuh Teh… pan hoyong diajar basa Sunda sanes? Ke bilih disebat > mental oncom kumaha? heheh… Jalmi kiwari mah seuseueurna arapen iren (teu > paduli) kana basa Sunda, Teh Indri amitan mah tambih we ngirangan. Leres, > sakapeung mah sok matak enek (naon basa Sundana nya?) kecap jorang teh, > tapi anggap we urang kenging “kosa kata enggal”. > > SUMANGEDH! > ro2 > > 2009/11/4 indriani suryadi <[email protected]> > >> ya ampun kasar pisan ya tu basa.....najan ngangge basa sunda, ka teu >> meurenahan harti keucap tetep we karaos........ tos ah, pamit.. pamit... >> >> mangga nu sanes lajengkeun.... >> > > ___ > -- d-: dudi herlianto :-q kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk

