duka tah GIS tah siga GPS kitu? enya saurna tos dipasang di mobil-mobil, cara mobil dines kadutaan. sigana saeropa mah tos kitu.
teu acan gaduh peta kertas, jadi maena google maps bae buka enjing2, ketik jalan tempat kos, tujuan kamana, kadang2 mun teu lieureun, google maps masihan petunjuk jalana, kantun ngapalkeun jalanna. bari kadang nyasab oge. sasab nu dinikmati da bari jalan-jalan. komo kana sapedah mah teu karaos heh. enschede mah di wetan, tos rada caket jerman. leiden mah di kulon rada sisi laut, dina peta walanda, leiden ayana handapeun amsterdam luhureun den haag sadidinten kagiatan si kuring memang di perpustakaan KITLV, nu ngoleksi buku-buku bahasa indonesia oge sunda, malah opat novel si kuring oge aya. gaya pisan hehe. katalogna tiasa ditoong di internet, situsna, kitlv.nl . ka sapotong alit jerman kantos kapungkur taun 97-zaman teu acan euro+schengen visa. jalan2 ti kopenhagen kana kareta ka hamburg sareng hannover. mun gaduh keneh bekel mah usum pere akhir taun hoyong jalan2 ka pakidulan. belgia, perancis italia. tapi ari sosoranganan mah rada teu purun, rumaos ari ulin sok kamalinaan. haha kang Rachmat Sugandi di Bristol UK ngajak amengan ka bumina, tapi sigana rada barabe da kedah ngadamel visa inggris heula. mj > Kang jamal, posisi teh beulah mana enschede tah? nu di pika terang ku > abimah di londo teh miboga sistem GIS nu handal, jadi mun urang numpak > mobil teh tp nu aya GIS na, urang bisa terang jajan2 tikus atanapi > alternatif terdekat ka tujuan (tah di londo teh sistem eta tos di > aplikasikeun). salian ti eta ceunahmah buku2 sastra sunda nu komplitna > mung aya di walanda nya.... > o nya sempet mampir ka jerman teu, pan mung 45 menit tah ti dinya > teh....(ceunah...hehehe...) >  > indri tea' >  >  >  > Â

