indekos teh di koningstraat 27 leiden.si kuring ngeusi kamer di lantey
tilu, deukeut ka para. di tukang. pamandangan imah tatangga.

imah ieu teu resmi tempat kos2an. ngan nu bogana nuju dines di endonesya.
istrina londo, carogena indonesia.sabulan 330 euro (1 euro Rp 14.200an)

limaan kos teh. kabeh urang indonesia. urang sunda loba di leiden, keur
sarakola. di tempat kos ge aya kang abdul wahid, urang kuningan dosen
sejarah ugm nu  nuju s3 di universitas leiden. jadi jeung manehna mah
nyarita teh basa sunda.


di imah papatungan 10 euro sabulan pikeun meuli pangabutuh. cara beas
(thailand). masak sangu kunu piket. si kuring kabagean minggu hareup.

nu sejen, urang jakarta nu sakola s1 na di sejarah unpad, urang padang
jeung jawa.

kamari listrik imah lantey tilu-deukeut para- pareum. nu ngurus nelp
tukang listrik, bule. si bule eta pas datang terus nanya, apa kabar?
cenah, bari terus ngomong basa indonesia. haha... ieu teh leiden atawa
ledeng? bule ge asup imah ieu mah nyarita basa endonesya. haha.sihoreng
meneer fred, istrina urang indonesia cenah.

loba us di leiden, bakat ku loba, nepi ka nyarita basa sunda teh geus
biasa, nepi ka aya nu nyarita, 'maaf mang, saya ga ngerti basa sunda, saya
orang palembang." hahaha...

aya urang bogor, urang garut, alumni uin sgd bandung. malah aya kang
sukmana, dosen sejarah UMY urang banjar pisan :)

tapi aya  oge urang padang nu malah hayang bisa basa sunda.

kagiatan
sabenerna rencana prof peter nas (supervisor si kuring) rek menta urang
endonesia nu sandwich program milu kuliahna, soal kota2 di indonesia,
minangka bekel pikeun urang, da ongkoh manehna ti oktober kamari kaitung
pangsiun. hanjakal dana ti dikti telat pisan, jadi telat oge dua bulan. 
rek rek aya kuliah tambahan cenah.

ari kagiatan sapopoe mah ka perpustakaan KITLV we, neangan sarupaning buku
nu ngabahas kasundaan, da jejer calon disertasi soal estetika sunda tea.
tapi masih lebeng can manggih  nu diteangan teh. nya kudu taliti meureun
neangan di katalogna

kamari aya mohamad jihad akbar, alumni s1 UIN jkt, s2 di leiden,mulang.
urang sukamiskin bandung. kamer urut manehna nu dieusian teh. dua poe
samemehna diampihan kang deni, di leiderdorp, urang cimahi nu nikah jeung
ceu Gerdien, londo, gaduh bati tilu, keur meumeujeuhna lucu. bumi kang
deni di hiji apartemen, nu pangaosna 200 rebu euro (ulah di kurs ka
rupiah, bisi kaget da jadi milyaran).

sapopoe make sepedah ka sakola boh jalan2. sepeda warisan ti akbar, di
beuli 20 euro. harga sasama bobotoh persib. manehna meuli (urut) 25 euro.
sepeda teu make rem da torpedo tea.

foto2 bisi hayang noong kota leiden den haag, leiderdorp, kanal, aya di
facebook si kuring

salam ti leiden

mang jamal
inlander keur nyaba ka leiden

Kirim email ke