bah peuting tadi mah nonton today's dialogue di metro da tangka ceurik, teu
kuat nahan bobodoranna susno duadji jeung pengacarana bibit jeung chandra...
eleh we opera van java mah .

du'a kuring mah teu aya deui: kpk geura dibubarkeun, mangsa darurat
penanganan korupsi geura rengse, penegak-penegak hukum (polisi, jaksa,
hakim) geus balik deui ka khittah, nu ukur ponteng kana bebeneran jeung
kaadilan (lain kabeneran heuheu)... tapi iraha nya? mun  bebeneran jeung
kaadilan bogaeun irung, cukang irungna wae can ngelemeng nembongan!!! kudu
revolusi kitu!? reformasi mah teu metu. da geuning reformasi jurig cara
ayeuna, ukur malih warni pindah rupa wungkul ari hakekatna mah angger we
pikasieuneun!

d

2009/11/18 Waluya <[email protected]>

>
>
> > almas aprilana <almasarnyeapril...@...> wrote:
> > Keur kuring nu geus cangcaya ka ieu nagara ngan teu wasa mun pindah
> > hehe.......(masih keneh cinta ka persib utamina mah)
> > ningali msalah ieu teh sapertos ningali 3 geng rampok nu nuju
> > parebut lahan kavling rampokeun, analisa kuring mah sederhana wae
> > KPK eusina pulisi sareng jaksa atuh nu nuju paguntreng ayeuna nya
> > kapan KPK vs pulisi vs jaksa, apa keneh keneh kehed eta teh.
>
> Enya Kang, lamun ditempo kadinya mah, asa euweuh bedana. Matak kuring mah
> ayeuna keur "puasa", tara maca koran jeung jarang lalajo TV. Bosen jeung
> bingung, beja teh eta deui, eta deui. Indonesia teh geuning mani heureut
> pisan, ngan sakuliwek Jakarta wungkul ....
>
> Baktos,
> WALUYA
>
>  
> _,_._,___
>



-- 
d-: dudi herlianto :-q
kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk

Kirim email ke