Urang Sunda nu jadi kuli kontrak jeung teu balik deui ka lemburna, umumna jadi "Urang Jawa". Nu disebut "Jadel" (Jawa Deli) di Sumut, sabenerna teu kabeh katurunan Jawa, aya oge katurunan Sunda. Ngan kulantaran lolobana Jawa, jadi weh ngiluan jadi "Jawa".
Di Suriname oge kitu, baheula aya salah saurang Menteri Suriname ka Indonesia, lamun teu lepat mah aranna teh Sasmita atawa Sumita, manehna ngaku kolotna asal Tasik. Pak Menteri ngan bisa nyarita Basa Jawa sanajan ngaku teureuh Tasik. Baktos, WALUYA --- In [email protected], "mangjamal" <mangja...@...> wrote: > > bieu tah ngulampreng ka gd arsip nasional den haag. milu tatangga kos nu s2na > sejarah > > nya judulna mah neangan bahan tea, tapi hese, jaba sigana ngarana ge dg > arsip, kalolobana nya arsip nu sipatna dines. > > panggangguran, tadi teh mukaan arsip nu jaradi kuli kontrak ka suriname, > panasaran naha enya urang jawa dina harti jateng jatim wungkul, da biasana > java dina harti umum nya sapulo jawa. > > si horeng aya jeung rada loba oge urang sunda, dumasar asalna, cara > poerwakarta, malah aya urang desa si kuring, goenoengtjoepoe, tjiamis. > duka terusna da basa walanda. tahun 1920-1930an.rata2 kontrakna 5 taunan. > > kanu loba waktu mangga toong dina kotak archive, aya english versionna > (kuduna mah aya versi indonesiana nya. > > webna ieu, nationaalarchief.nl >

