bieu tah ngulampreng ka gd arsip nasional den haag. milu tatangga kos nu s2na 
sejarah

nya judulna mah neangan bahan tea, tapi hese, jaba sigana ngarana ge dg arsip, 
kalolobana nya arsip nu sipatna dines.

panggangguran, tadi teh mukaan arsip nu jaradi kuli kontrak ka suriname, 
panasaran naha enya urang jawa dina harti jateng jatim wungkul, da biasana java 
dina harti umum nya sapulo jawa.

si horeng aya jeung rada loba oge urang sunda, dumasar asalna, cara 
poerwakarta, malah aya urang desa si kuring, goenoengtjoepoe, tjiamis.
duka terusna da basa walanda. tahun 1920-1930an.rata2 kontrakna 5 taunan.

kanu loba waktu mangga toong dina kotak archive, aya english versionna
(kuduna mah aya versi indonesiana nya.

webna ieu, nationaalarchief.nl



Kirim email ke