kos teh di jalan raja (koningstraat) nomer 27. sabenerna lain imah pikeun 
kosan, tapi nu gaduhna, doktor antropologi, londo, keur dines ka 
indonesia.carogena seniman, urang indonesia. cenah mah urang minang.

sadayana lima kamer, jadi limaan jeung si kuring. unikna, nu opatan mah latar 
akademisna, sajarah. kalolobana ti ugm, 3an. ti unpad 1. nu saurang, dosen 
sejarah unair, keur s3 sajarah di ugm, sarua keur sandwich-like program tea. 
sacara program pihak walanda, ayeuna keur ngayakeun program dua beasiswa,  nu 
disebut encompass, duka singgetan ti naon, tapi memang singgetan, jeung IYL, 
indonesian young leaders. 

nu encompass, ampir kabeh urang sajarah. sanajan gawena di RCB (republik cecak  
& buaya) na aya nu pusat arsip nasional, lipi, dosen, malah aya nu can gawe 
alias karek lulus. sedeng nu marilu program IYL, ampir kabeh lulusan UIN jeung 
IAIN. duanana ngayakeun beasiswa pikeun s2 jeung s3. cara nu s3, kang wahid, 
urang kuningan nu dosen anyar di ugm. s2 heula di walandana. geus lulus, 
meureun ngajukeun proposal rek s3. resmina mah s3 na di universitas utrecht, 
tapi cicing di leiden. nya da leiden-utrech teu nepi ka sajam kana kareta. 

dasar londo, nu S1 di urang eta teh, sakola deui s1 sataun (meureun sarupaning 
program penyetaraan). satuan terusna, program master. intensif kuliahna. sistem 
gugur deuih. nu teu lulus samatakuliah, mun di her teu lulus deui, wayahna kudu 
balik. program encompass mah, teu ngan ukur pikeun urang RCB tapi aya oge ti 
cina, thailand, filipina, msyia (rada asean kitu).

jadi mun panggih di KITLV atawa dimana bae, pastina maranehna ti dua kelompok 
beasiswa eta.

cek carita nu kamari kuliah penyetaraan atawa nu geus lulus s2, wisuda di 
leiden mah, duka di kampus sejen walanda, teu rame. malah baju oge biasa we 
baju sapopoe, teu make jas komo toga. sanggeus disebut ngaran,kahareup,dibere 
ijasah, terus diberi buket kembang. geus we cenah. haha. 

kanu boga cita2 hayang ngasaan sakola di walanda, bisa ditoong di web kedutaan 
walanda dijakarta. aya kotak beasiswa atawa scholarship.


      Menambah banyak teman sangatlah mudah dan cepat. Undang teman dari 
Hotmail, Gmail ke Yahoo! Messenger sekarang! 
http://id.messenger.yahoo.com/invite/

Kirim email ke