Pangalaman imah di Wado pahareup-hareup pisan jeung masigit, ceuli mah teu 
beunang dibobodo*lain ngewa ka ageman sorangan da mun dirasa-rasa mah gandeng 
oge. Jaba Ngong ti Nagrak (beh kaler), ngeng ti Elos (beh kidul, kuring nyebut 
eta wewengkon Los Angels hihi...), jadi matak teu puguh bandunganana, mun geus 
prak shalat mah sok matak ebat, balikan deui* balikan deui hehehe* 
Tuh, ceuk Bah Willie oge di tanah Arab, speker teh teu meunang tarik-tarik 
teuing* komo di urang nu jauh ti Arab? Atawa jiga tempat pangumbaraan MJ nu 
ngadenge ngan sakuriwek didinya wungkul. Mending keneh dipusatkeun, sugan jarak 
sababaraha KM ditangtukeun 1 masigit we nu adanna. 
 
Ari Lebaran dibarengan ku dulag atawa sakali-kali aya acara mah teu nanaon  
make toa, tapi ayeuna loba masigit nu ngasupkeun sora indung2 atawa barudak nu 
keur diajar ngaji tengah poe ereng-erengan* sakali deui lain ngewa uing mah, da 
sarua uing ge teu bisa ngaji, ngan nu diajar mah atuh tong diasupkeun kana toa, 
sareukseuk. 
 
Inget, boga babaturan SD urang Flores, non muslim bageur, ngahargaan pisan ka 
muslim teh. Basa di Jakarta imahna pahareup-hareup jeung uing, kahalangan 3 
imah ditukangeun imahna aya masigit manehna sok ngangluh. Salila 25 taun teu 
panggih. Awal taun kamari, pas nyimpang ka imah manehna di Lubang Buhaya (lain 
Polri ieu mah heheh*) kabeneran imahna malah pagigir-gigir pisan jeung masigit. 
Ceunah,"Emang dah nasib gw harus selalu deketan ma mesjid (teu wasa nyebut 
kagandengan mah meureun*heuheu). 
 
Ceuk uing mah hade oge fatwa MUI teh...
ro2

--- In urangsu...@yahoogro ups.com, Dudi Herlianto <dudi.herlianto@ ...> wrote:
>
> baraya, ieu aya fatwa MUI nu menarik. dilarangna make toa di masjid jeung
> musola. nu ngaluarkeun mui kalsel.
> dudi

Kirim email ke