Mikawanoh Sarakan? Hehehe, asa formal jeung seieus teuing judul teh nya. Ngan hese neangan judul sejen. Keun we ah.
Lain kitu, kieu ieu teh baraya. Pageto urang teh rek ngariakeun Lebaran Haji, lin? Arek baralik mudik ka lembur moal? Tangtu baralik ka lembur nya. Baroga HP tangtuna ge nya. Hehehe. Tah kumaha upama sakalian balik ka lembur, mulang deui ka dayeuh heug ngaringkid gembolan oleh-olehna sing rebo. Hehehe. Oleh-olehna lain kakaren lebaran. Cukup ku mawa dongeng ti lembur we. Misalna kieu, nalika keur aya di lembur, terus aya hayam ngaliwat. Tewak tah hayam teh, bawa ka kokolot di lembur. Cing teuteup eta hayam, ilikan sing nepi ka eces, toong dangdak-dengdek, ti luhur ka handap, ti kenca ka katuhu, ti hareup ka tukang. Terus tanya ka awak sorangan, sabaraha kecap basa sunda nu patali jeung anatomi hayam, nu patali jeung kahirupan hayam, nu urang apal. Tuliskeun tah eta kecap-kecap teh dina keretas sacewir. Mun urang teu apal tanya ka kokolot di lembur. Ngarah dongengna leuwih lengkep, heug pake tah kamera HP, keur motoan anatomi awak hayam. Hasilna kecemplungkeun ka Internet, boh ka milis, facebook, youtube, atawa nu sabangsana. Tah eta oleh-olehna teh. Eta jurus di luhur teh, sakadar conto, pek larapkaun kana sasatoan sejenna, sabangsaning embe, domba, entog, soang, meri, jeung sajabana. Atawa misalna nyoba mikawanoh tutuwuhan. Pek ajak kokolot di lembur, ulin ka kebon awi. Teuteup rungkun dapuran awi ti luhur ka handap. Cing inget-inget, sabaraha kecap basa Sunda nu patali jeung awi nu urang apal. Tuliskeun deui. Mun teu apal tanya ka urang lembur. Tong poho, fotoan tah anatomi tangkal awi teh, malah hade mun aya videona sagala. Hasilna gembol, borolokeun ka Internet, jiga nu dodongengkeun di luhur. Keur naoneun eta teh? Keur nambahan umur basa Sunda ngarah teu tereh pikun. Hehehe, Wilujeng boboran Haji Hapunten samudaya kalepatan. -mh-

