2009/11/25 Remi <[email protected]>:
>
>
> --- In [email protected], mh <khs...@...> wrote:
>>
>>
>> Keur naoneun eta teh? Keur nambahan umur basa Sunda ngarah teu tereh
>> pikun. Hehehe,
>>
>>
>
> Ideu alus Kang euy. Enya eta teh, urang LOBA nu teu nyaho istilah jeung 
> ngaran dina basa sorangan!
>
> Salah sahiji anu jadi sabab na mah, pernah kitu urang diajar biologi lokal? 
> Sigana geus waktuna aya pelajaran biologi di sakola2 anu make jeung 
> ngawanohkeun istilah2 lokal di Tatar Sunda.
>
> Ngaran bubuahana ge geus teu pati apal deuih. Coba nyieun data base ngaran 
> bubuahan, kekembangan, tatangkalan jeung sasatoan saheulaanan mah. Sakalian 
> jeung foto atawa video na.
>
> inget jaman keur budak. Sok dahar buah 'jamblang'. Ayeuna kuring ge geus poho 
> rupa na, rasa na. Ari tangkal na siga kumaha deuih? Teuing... da geus poho...
>

Kang R, ieu mah sakalian 'test case' we, sugan tina rewuan anggota
milis, aya nu imeut milu nyalabarkeun basa Sunda ka jagat maya. Atuda
ateul geura upama make Google, pek neangan artikel make kecap basa
Sunda, nu kaluar teh nu lain-lain we. Coba geura make kecap konci
"hayam", "meri", "careuh", "embe" jeung sajabana. Hasilna naon?
Hasilna kalahka ngaran urang Jepang. Hehehe.

Tah ieu mah sakalian we, make jurus bari balik ka lembur. Da asana teu
kudu ngaluarkeun modal duit, ukur ngandelkeun ka daek. HP baroga,
lembur baroga, tingal kadaek. Hehehe.

Der ah baraya.
-mh-

Kirim email ke