Caritana rawing euy teu lengkep
Sent from my BlackBerry® smartphone from Sinyal Bagus XL, Nyambung Teruuusss...! -----Original Message----- From: Awan Gunawan <[email protected]> Date: Wed, 25 Nov 2009 08:59:51 To: <[email protected]> Subject: Re: [Urang Sunda] Ramalan Jayabaya: Saumur Jagong? Kameureunan sejen: Mungkin pada abad ka-11 eta, ketika eta raja berkuasa (mun enya mah aya), geus aya urang bule nu datang ka Indonesia. Mungkin si bule eta papanggih jeung JAYABAYA terus mere JAGONG ka manehna. Kemudian si bule ngaharewos ka JAYABAYA: "ulah bebeja ka batur yen nu mere JAGONG teh uing, nya!!". Matakna teu pernah kacaritakeun dina sajarah lamun bule datang ka Indonesia teh geus ti abad ka-11. Tapi da, barina ge pada abad ka-11 mah benua Amerika-na oge can dieusian ku bule, lin?! cag ah, Si Rawing ________________________________ From: Waluya <[email protected]> To: [email protected] Sent: Wed, November 25, 2009 10:19:12 PM Subject: [Urang Sunda] Ramalan Jayabaya: Saumur Jagong? Dina TV One peuting ieu, teuing acara naon da kuring teu nempo, ngan ngadenge sorana wungkul (keur ketak-ketik dina komputer), dicaritakeun perkara ramalan. Ti mimiti nu keur populer ayeuna, ramalan kiamat taun 2012, tepi ka ramalan "lokal" khas Jawa/ Indonesia, nyaeta RAMALAN JAYABAYA. Ceuk naratorna teh, ramalan Jayabaya geus ngaprediksi Indonesia bakal dijajah ku bangsa kulit koneng SAUMUR JAGONG. Tapi ieu lain perkara bener salahna eta ramalan, ngan perkara JAGONGNA. Jagong lain pepelakan asli Indonesia, tapi asal muasalna ti Amerika. Tah kulantaran JAYABAYA nu lamun teu salah mah Raja Karajaan Kediri di abad ka 11, kuring jadi bingung sorangan. Ari bingungna kieu: 1) Lamun jagong geus aya ti abad ka 11, ieu hartina aya urang Jawa/ Indonseia nu geus boga hubungan jeung benua Amerika. Duka saha tah nu enggeus nganjang kaditu, samemeh Columbus ..... 2) Kamungkinan sejen, ramalan Jayabaya teh rekayasa pujangga Jawa di jaman sanggeus datangna pendatang "bule" (Protugis, Spanyol, Walanda) nu mawa jagong ka Indonesia di abad ka 17. Kamungkinan sejen? Manawi aya baraya anu terang...Hehehehe Baktos, WALUYA

