Hehehe ...jadi lieur nya Kang. Tapi ieu mah sakadar ngingetan ka urang Sunda nu 
boga bakat jadi pujangga (novelis/ pangarang) atawa rek jadi sutrada pilem, 
heug dongengna teh nyaritakeun jaman baheula samemeh urang bule datang (Lutung 
Kasaarung/ Pajajaran/ Perang Bubat/ Majaphit/ Galuh/ jrrd ). Kade sing ati-ati 
dina nyetting lingkunganana. Contona ulah nyaritakeun/ nyieun adegan Paman 
Lengser keur ngopi BEULEUM SAMPEU bari ngelepus UDUD. Sabab Sampeu jeung bako, 
sarua jeung jagong, lain pepelakan asli Indonesia. Pepelakan ieu dibawa urang 
Bule ka Indonesia ti Amerika. Tapi  meureun kulantaran taneuhna cocog, jadi 
nyebar diurang, disangka weh "pribumi", padahal meleg-meleg  "imigran" ....

Baktos,
WALUYA  

--- In [email protected], Awan Gunawan <sirawing_peage...@...> wrote:
>
> Kameureunan sejen:
> Mungkin pada abad ka-11 eta, ketika eta raja berkuasa (mun enya mah aya), 
> geus aya urang bule nu datang ka Indonesia. Mungkin si bule eta papanggih 
> jeung JAYABAYA terus mere JAGONG ka manehna. Kemudian si bule ngaharewos ka 
> JAYABAYA: "ulah bebeja ka batur yen nu mere JAGONG teh uing, nya!!". Matakna 
> teu pernah kacaritakeun dina sajarah lamun bule datang ka Indonesia teh geus 
> ti abad ka-11.
> Tapi da, barina ge pada abad ka-11 mah benua Amerika-na oge can dieusian ku 
> bule, lin?!
> 
> cag ah,
> Si Rawing


Kirim email ke