Saminggu katukang kuring ngulampreng deui ka Surabaya. Teu ngahaja eta oge. Balik ti Bali poe Senen turun di Bandara Juanda (maklum can aya kapal hiber langsung ti Bali ka Semarang jadi kudu turun di Surabaya- Juanda heula). Sakalian ngalongok babaturan tuluy kuring teh diajak ngulampreng ka toko buku Toga Mas di jalan Diponegoro Surabaya da ceuk manehanana eta toko buku teh bangunannana alus jiga zaman kolonial. Ari heg teh, bet enyaa we, bangunan toko buku eta teh jiga gedong walanda, suhunan jangkung jeung make jandela anu tina kai teuas tea jiganamah (teu kaburu di gegel). Ti hareupmah eta Toga Mas teh leeutik. Ari kajero gening panjang bari jeungaya cai mancur sagala rupa. Di bagian rak Novel aya judul novel nu di tulisna ku MJ judulna teh The Tarix Jabrix, kuring teh nyokot we hiji tuluy di bayar, mun teu salah mah hargana teh 27 rebu. Tuluy di baca di terasna bari nginum es jeruk da harita teh meni panas kacida. Bareng dibaca, ah......ieumah bahasa Opik So Cool tea, meni mirip. Cara nyarita urang sunda nu loba heureuyna. Tapi jiganamah ieu carita teh teu pati bebas ekspresina (ka talian ku skenario film meureun). Sa jam kurang leuwih kuring maca eta novel teh nepi ka anggeus. Sarua kesanna mah jeung Opik So Cooool, heureuy anu ngandung arti jeung loba pulanganeun nana. Palebah nyaritakeun sajarah Vespa jeung waktu geng Tarix Jabrix maca daftar lulus UMPTN, meni jentre nyarita urang urang sunda.
Jigana lamun di tulis ulang make judul nu sarua tuluy di kembangkeun, pasti kacida alusna, leuwih bebas jeung kandel meureun. hatur tengkyu jangdede

