Kahatur baraya, Di Tepas Wikipedia <http://su.wikipedia.org/wiki/Tepas> (edisi Sunda) minggu ieu, pikeun 'Gambar Petingan' kami midangkeun hiji poto ngeunaan barudak pamaen angklung<http://commons.wikimedia.org/wiki/File:COLLECTIE_TROPENMUSEUM_Jonge_angklongspelers_en_een_jonge_danser_TMnr_10004642.jpg>katut ibingna, poto koleksi Tropenmuseum, Belanda <http://commons.wikimedia.org/wiki/Commons:Tropenmuseum>. Nu dimaksud taya lian ti (1) kampanyeu Sunda jeung (2) bewara yen Wikimedia Commons geus nampa puluhan rebu poto koleksi eta musieum, nu lolobana ngeunaan Indonesia dina mangsa dijajah Walanda. Bisi aya nu hayang nyaho kumaha bungkeuleukanana alun-alun Garut katut Masjid Agungna mangsa Walanda, bisa diteang di dinya. Bilih aya nu palay uninga kumaha dedegan para menak Sunda baheula, tiasa dipilari di dinya. Mangga geura uningaan...
sikandar kumincir.blogspot.com www.urangsunda.or.id su.wikipedia.org

