Bah,

Soal basa Sunda kuring mah teu aya masalah anu pikamelangeun iwal ti lamun
basa Sunda teh leungit pisan ilang tan aya raratanana. Soal anu makena
pabaliut dina undak usuk basa atawa dina ngalarapkeun basa merenah, ku
kuring mah dihampura wae bari dilelempeng sabisa-bisa make cara komunikasi
anu - oge sabisa-bisa - efektif (anu penting dina ieu komunikasi : teu matak
teunggarkalongeun atawa bangbaungeun nepi ka hoream ngagunakeun deui basa
Sunda).

Kituna teh oge kusabab sorangan oge masih diajar (can sanggup norolang dina
basa Sunda anu merenah sagemblengna). Papada diajar mataholangna mah. Ngan,
kuring gilig patekadan, dina ngingetkeun nu sejen atawa ngalatih diri
ngeunaan basa Sunda anu merenah, kuring dina kasempetan anu sakuduna
ngalarapkeun basa Sunda mah moal nepi ka make basa Indonesia atawa basa
lianna, hehehe.

Soal standar basa Sunda, memang eta ideal, tapi merlukeun proses jeung
kasaluyuan mayoritas Urang Sunda. Dina prak-prakanana oge teu gampang.
Sabab, sakumaha geus dicaritakeun ku Mj, basa Sunda loba raehanana
(dialekna). Sikep anu sineger tengah mah sigana tarima wae rupa-rupa raehan
basa Sunda teh salaku kabeungharan basa Sunda.

Soal hade ku omong, goreng ku omong memang bener, ngan dina ngomong teh lain
perkara basa verbal wae, basa non verbalna oge teu kurang pentingna.
Maksudna, sok sanajan basana lemes ceuk ukuran undak-usuk basa, tapi lamun
non verbalna teu luyu jeung basa anu diucapkeunana atawa sindir sampir eta
oge lain cara komunikasi anu hade. Sabalikna, upama karasa basana teh rada
kasar, tapi lamun ditepikeun kalawan jujur (kusabab teu apal atawa tacan
biasa make basa anu merenah), ceuk kuring mah, teu nanaon, kari uplek
diskusi atawa komunikasi efektif pikeun memeresna.

Minangka pamungkas, sikep kuring ngeunaan larapan basa Sunda kl kieu: usaha
satekah polah pikeun bisa ngalarapkeun basa Sunda anu merenah. Hartina, dina
sabagean gede komunikasi formal anu teu kudu make basa lemes, sabisa-bisa
nya maka basa Sunda loma (ieu ige henteu gampang), upamana dina basa anu
digunakeun keur milist atawa basa Sunda paelmuan. Dina waktu jeung tempat
sarta anu diajak nyarita masih merlukeun basa Sunda anu lemes (upamana :
dina ngado'a, nyarita ka saluhureun atawa ka jalmi hormateun) nya make basa
Sunda anu lemes. Lamun aya anu nyarita ka diri sorangan make basa Sunda
pabaliut atawa patukeur: imut wae bari sabisa-bisa menerkeun kalawan teu
matak teunggarkalongeun ka anu dibenerkeunana.

Mung sakitu bah.

manar












2009/12/19 Abbas <[email protected]>


>
> Alhamdulillah, nuhun. Tah kitu geuning baraya sadaya.
> Kuring satuju ka MJ.
> Tapi kira2 bisa teu nya ? standardisasi Basa Sunda ?
>
>
> --- In [email protected] <kisunda%40yahoogroups.com>, "mang jamal"
> <ja...@...> wrote:
> >
> >
> > hampura, salah ketik. nu bener mah undak-usuk basa teh diringkes ka basa
> > merenah. basa merenah kabagi dua, basa loma jeung basa lemes. basa loma
> > pikeun nu geus loma, wawuh akrab, utamana sapantaran. basal lemes pikeun
> > saluhureun.
> >
> > merenah maksudna pikeun saha. nya akarna masih ti undak-usuk basa. tapi
> > masalahna euy, malah kang ajip rosidi oge jadina ngusulkeun ka barudak
> oge
> > pajabat, pake we basa sunda sabisana. teu kudu kahalangan ku soal
> > undak-usuk basa eta.
> >
> > soal kang ajip nu ngusulkeun kitu bari manehna sorangan make basa
> merenah,
> > kungsi aya nu ngeritik. haha. nya tangtu kang ajip baris make basa
> > merenah, sabab manehna mah kolot, nu tatakrama basana geus napel kuat.
> >
> > usul kitu teh tangtu teu dihartikeun yen si kuring ka kolot ngomong,
> > "bapa, kumaha sia cageur?" teu nepi ka dinya. sabab kalolobana urang
> sunda
> > mah boga adat suradat ngahormat ka saluhureun, komo ka kolot sorangan.
> ieu
> > mah lain soal kasta atawa feodal, dalah di nagara bule oge aya adat
> > ngahormat ka saluhureun atawa kolot, sanajan rupana beda jeung di urang.
> >
> > perkawis revolusi berbahasa sunda, rada hese bah di lembur mah, bah.
> > masalahna basa mah milik sarerea. malah tiap daerah baroga dialek atawa
> > kecap-kecap nu has, rada beda ti daerah sejen. cara danas jeung ganas.
> > atawa haling ku aing jeung halik ku aing. haha. haling ku aing mah
> > murwakanti, ari halik ku aing mah make tasjid, pangaruh basa arab. cara
> > ayat malikin nasi, pikeun ngakeul. haha
> >
> > nya let it be we. da basa mah hirup ku nu makena. puguh ge basa sunda teh
> > hiji-hijina basa di alam dunya nu dipikasieun, ku inohong. sok we loba
> > inohong nu ka panggung, biantara, di awal biasana nyarita kieu,
> "hapunten,
> > basa sunda sim kuring kirang sae,janten bade ngangge basa indonesia bae."
> >
> > eta nu kabeulit ku persoalan undak-unduk basa bari teu usaha pikeun apal
> > kamekaran basa, teu pede jeung mungkin memang ajrih ka basa indung.
> jadina
> > sakral, ulah salah. padahal salah sapuluh alesan basa inggris dipake di
> > dunya ieu: bisa dipake, kaharti, sanajan salah. hahaha
> >
> > geus ah, rek ulin di luar, keur usum salju. hahaha
> >
> > he love,kang Dian Tresna N teh diJerman Karlsruhe nya. ke urang noong
> > googlemaps. sugan we bisa nganjang ka dinya. sugan pareng, sakalian ka
> > Bremen, Hamburg, Karlsruhe..terus Berlin. susuganan bisa ngirit
> > pangaluaran, ketang
> >
>
>  
>

Kirim email ke