Upami teu lepatmah aya di Kaki Gunung Galunggung, eta oge mun teu lepat mah
daerahna namina Kikisik. Pernah kapungkur aya tatanggi duka 2 atanapi tiluan
anu tos di "pasantrenkeun" didinya, hasilna lumayan aya kamajengan, malihan
anu saurang mah rerncangan pisan, parantos sae. Nami kyiai namah duka hilap
deui. Tapi cenahmah tos kakoncara sawewengkon tasikmalaya mah. Saurna oge
seueur oge pasien ti Jakarta sareng ti dayeuh sanesna.
 Upami di tataroskeun ka Urang Tasik moal teu terangeun geura.


Salam
jangdede



2009/12/22, isma shaff <[email protected]>:
>
>
>
>   Wilujeng enjing sadayana,
>
> Para wargi anu dipihormat, simkuring bade nyuhunkeun bongbolongan. Dugi ka
> danget ieu teh simkuring nuju milarian pesantren anu tiasa ngubaran
> depresi/stress. Manawi aya nu uninga bade disuhunkeun informasina boh
> lokasi, rute, kagiatan, fasilitas, atanapi biayana.
> Oge bilih aya wargi kusnet anu pernah ngarandapan gaduh saderek
> depresi/stress bade disuhunkeun pangalaman kumaha nungkulanana. Upami teu
> kaabotan dijaprikeun wae.
>
> Hatur nuhun sateuacanna.
>
>
> Isma
>
>
>
> 
>

Kirim email ke