Cobi di "Inabah" Pasantren Suryalaya... Tempatna seueur, di Tasik, Bandung, Bogor, Jakarta jrrd.. cobi toong di www. suryalaya.com Insya Allah damang...
----- Original Message ----- From: jangdede To: [email protected] Sent: Tuesday, December 22, 2009 12:38 PM Subject: Re: [Urang Sunda] Manawi uninga? Upami teu lepatmah aya di Kaki Gunung Galunggung, eta oge mun teu lepat mah daerahna namina Kikisik. Pernah kapungkur aya tatanggi duka 2 atanapi tiluan anu tos di "pasantrenkeun" didinya, hasilna lumayan aya kamajengan, malihan anu saurang mah rerncangan pisan, parantos sae. Nami kyiai namah duka hilap deui. Tapi cenahmah tos kakoncara sawewengkon tasikmalaya mah. Saurna oge seueur oge pasien ti Jakarta sareng ti dayeuh sanesna. Upami di tataroskeun ka Urang Tasik moal teu terangeun geura. Salam jangdede 2009/12/22, isma shaff <[email protected]>: Wilujeng enjing sadayana, Para wargi anu dipihormat, simkuring bade nyuhunkeun bongbolongan. Dugi ka danget ieu teh simkuring nuju milarian pesantren anu tiasa ngubaran depresi/stress. Manawi aya nu uninga bade disuhunkeun informasina boh lokasi, rute, kagiatan, fasilitas, atanapi biayana. Oge bilih aya wargi kusnet anu pernah ngarandapan gaduh saderek depresi/stress bade disuhunkeun pangalaman kumaha nungkulanana. Upami teu kaabotan dijaprikeun wae. Hatur nuhun sateuacanna. Isma ==================================== Mau GRATIS TELPON LOKAL, DISCOUNT 50% SMS, DISCOUNT 20% SLJJ, dan DISCOUNT FLEXI MILIS? Ikuti Dahsyatnya FLEXI KOMUNITAS. Ketik CREATE[NAMA GRUP], sms ke 345. Contoh: CREATE SMU2, sms ke 345. Informasi selanjutnya: - hubungi 147 - http://www.telkomflexi.com - ketik INFO, sms ke 345. ================================= Mau GRATIS TELPON LOKAL, DISCOUNT 50% SMS, DISCOUNT 20% SLJJ, dan DISCOUNT FLEXI MILIS? Ikuti Dahsyatnya FLEXI KOMUNITAS. Ketik CREATE<spasi>[NAMA GRUP], sms ke 345. Contoh: CREATE SMU2, sms ke 345. Informasi selanjutnya : - hubungi 147 - http://www.telkomflexi.com - ketik INFO, sms ke 345 ================================= This Email has been scanned : Anti Virus =================================

