Hade idena kang, ngan biasana urang mah balubar mun geus ngadenge "kari prak" atawa "geura prung". Ngawadul jeung adu wacana numero uno. Powered by Telkomsel BlackBerry®
-----Original Message----- From: irpan rispandi <[email protected]> Date: Wed, 06 Jan 2010 13:25:07 To: <[email protected]>; <[email protected]> Subject: [kisunda] Film Independen ngangkat jawara sunda Minggu kamari, kuring sempet ningali hiji acara liputan di Discovery Channel. Acara eta ngaliput hiji kontes Kung Fu di China anu dikemas ala American Idol. Eta saembara teh loba pisan pesertana, daratang ti unggal aliran bela diri anu aya di China. Samalah anu ti luar negri oge aya. Lilana eta kontes teh 6 bulan. Salian ti mentes kaparigelan peserta dina olah bela diri, kontes eta oge mentes 'bakat entertainer' ti tiap peserta. Si peserta kudu bisa tari jeung nyanyi. Tujuan dasar eta kontes teh nyaeta ngangkat deui pamor beladiri asli China anu mulai ka geser ku beladiri luar nagri anu ayeuna keur mahabu di China. Tah, kumaha lamun diurang oge diayakeun kontes model kitu, naha misalna "Sayembara Jawara" atawa "Pasanggiri Penca" jsb. hiji eta. anu kadua, pikeun ngangkat deui pamor Silat, kumaha lamun dijieun Film. Boh film dokumenter atawa film Carita. Ari usul kuring ieu utamana pikeun para mahasiswa jurusan perfilman (aya teu nya jurusan eta he..he..he..). Percaya lah ka barudak ngora mah. Maranehna boga energi anu gede pikeun ngawujudkeun hal-hal anu sifatna terobosan. Kumaha tah baraya ?

