Di DPR tos seueur JAWARA nu jago SILAT LIDAH.

Kang Maman




Powered by Mak Erot sinyal kuat tanpa obat kuat

-----Original Message-----
From: irpan rispandi <[email protected]>
Date: Wed, 06 Jan 2010 13:25:07 
To: <[email protected]>; <[email protected]>
Subject: [Urang Sunda] Film Independen ngangkat jawara sunda

Minggu kamari, kuring sempet ningali hiji acara liputan di Discovery 
Channel. Acara eta ngaliput hiji kontes Kung Fu di China anu dikemas ala 
American Idol. Eta saembara teh loba pisan pesertana, daratang ti unggal 
aliran bela diri anu aya di China. Samalah anu ti luar negri oge aya. 
Lilana eta kontes teh 6 bulan. Salian ti mentes kaparigelan peserta dina 
olah bela diri, kontes eta oge mentes 'bakat entertainer' ti tiap 
peserta. Si peserta kudu bisa tari jeung nyanyi.

Tujuan dasar eta kontes teh nyaeta ngangkat deui pamor beladiri asli 
China anu mulai ka geser ku beladiri luar nagri anu ayeuna keur mahabu 
di China.

Tah, kumaha lamun diurang oge diayakeun kontes model kitu, naha misalna 
"Sayembara Jawara" atawa "Pasanggiri Penca" jsb.
hiji eta.

anu kadua, pikeun ngangkat deui pamor Silat, kumaha lamun dijieun Film. 
Boh film dokumenter atawa film Carita. Ari usul kuring ieu utamana 
pikeun para mahasiswa jurusan perfilman (aya teu nya jurusan eta 
he..he..he..). Percaya lah ka barudak ngora mah. Maranehna boga energi 
anu gede pikeun ngawujudkeun hal-hal anu sifatna terobosan.

Kumaha tah baraya ?

Kirim email ke