jakarta (u-press): urang sunda bakal reueus. lagu populer nu ditembangkeun
ku doel sumbang "sono ka kodim", sakedap deui bade dinyanyikeun deui ku
arthalita suryani dina persi basa indonesiana. kulantaran ieu lagu teh nembe
judulna wungkul nu tos ditarjamahkeun, arthalita suryani sacara pribadi
ngahubungi simkuring kanggo milarian pangarang rumpaka tembang moyan nu
tiasa narjamahkeun eta tembang tina basa sunda kana basa indonesia.

saur ayin, nenehna arthalita suryani mah, ngalangkungan sms ka simkuring,
tembang 'sono ka kodim' teh bade dijudulan:
"rindu pondok bambu".

rencana ieu singel album, nu oge bakal disebarkeun dina nada ali tukang teh
bakal dirilis bareng jeung ayin engke kaluar panjara. ayeuna mah ayin, sarju
wibowo jeung untung sugiyono keur ngawangunngadegkeun studio gede di pondok
bambu.

"nya minimal, studio ieu bakal sarua jeung studiona republik cinta ahmad
dani. maksimalna mah bakal diusahakan sakualitas jeung abbey road, dimana
j-rock jeung the beatles kungsi rekaman", emboh ayin, bari nyengir. (duq)

-- 
d-: dudi herlianto :-q
kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk

Kirim email ke