Tiap usum hujan datang, beja banjir dimana-mana, jiga beja di handap,
banjir di Batawi.
Jigana ieu bencana banjir teh, geus hese ngungkulanana. Sabab loba
pisan indikatorna.
Najan lain tukang noong cuaca ge, asana teu hese neangan indikator yen
banjir masih
mangrupa ancaman bencana di lembur urang.

Basa uing pareng mulang ka lembur, dua taun kaliwat, kabeneran uing
ulin ka sawah.
Naon nu kapanggih matak pikamelangeun. Galengan solokan nu baheula bisa dipake
lalar liwat munding reuneuh, kiwari galengan solokan teh ngan ukur
ngajepret sagede
halis nu geulis. Nalika uing pasarandog jeung nu liwat, kapaksa uing
kudu ngarandeg
heula, da puguh galengan solokan beak dipapas unggal tiap usum nyawah. Kacipta
lamun mun terus-terusan dipapas, galengan solokan moal bisa deui nahan cai caah
mun hujan badag.

Teuing nu dibarendo di Garut, arapaleun heunteu nya kana kaayaan jiga kieu.
-mh-

Ini Dia Lokasi Titik Genangan Air di Ibu Kota
http://megapolitan.kompas.com/read/2010/01/19/08332449/Ini.Dia.Lokasi.Titik.Genangan.Air.di.Ibu.Kota
Beja

Kirim email ke