Teu bungah kumaha jadi urang sunda? Basa kuring kenging pancen tugas di Filipina (DAVAO CITY) aral pisah mun seug lapar. Komo deui harita pareng saum ramadhan. Teu kungsi lila, dipernahkeun ka restoran, anu merekna "MANG INASAL". Ceuk na kereteg hate, jiga kecap asli priangan atuh??? Ceuk beja mah, eta restoran teh hiji-hijna anu ngaharegaan muslim. Misahkan idangan anu bebas tina bahan "BA" (Babi). Barang diidangkeun mani asa reuwas jeung bungah. Sabab luyu pisan jeung ngaranana. Singhoreng menu na teh teu jauh ti alam parahiyangan. Sanguna dibungkus daun cau, timbel tea. Hayam dibeulum atawa digoreng jeung dibalur ku sayur asem. Pedah bedana teu aya sambel. Puguh we asa di lembur sorangan. Ceuk cariosan urang ditu, cenah pang payuna. Tos leuwih ti 100 waralaba nu aya di sawatara nagri. Hebat euy sundaneese food

