Pansus hak Angket geus diangkat; anggotana ti 9 Fraksi nu aya di DPR;
diatur sacara Proporsional.
Mun teu salah PD = 6 ; PDIP = 5 ; PG = 5 ; PKS = 3 atawa 4 ? ; PAN = 3 ;
PKB = 2 ; PPP - 2; Hanura = 1 ; jeung Gerindra - 1
Jadi kira2 aya 30 anggota DPR nu bakal ngalaksanakeun tugas hak angket DPR.

Naon ari DPR teh ? Sarerea pasti geus apal; yen DPR teh nya eta WAKIL2 rakyat
nu bakal ngawaskeun bisa henteuna Pamarentah ngolah Nagara; nu bakal ngawaskeun
bisi Pamarentah salah lengkahna.

Tah ayeuna aya hiji KASUS; nya eta Kasus Bailout Bank Century, anu 
ngalantarankeun
Nagara rugi "GEDE PISAN" ; 6.7T; lain sisiwo. Beu.
Jadi memang wajar, lamun DPR nanyakeun hal ieu ka Pamarentah, ngagunakeun hak
Angket DPR; dimana hak angket ieu teh dimeunangkeun ku UU.

Naha ieu hak Angket bisa oge jadi MOSI teu percaya ka Pamarentah ?
Bisa oge, GUMANTUNG ka na hasil papariksaan Anggota ka para SAKSI nu
dipanggil ku PANSUS hak angket DPR.

Kumaha hasilna ti na eta papariksaan ?
Ku sabab sifat Pansus teh "TERBUKA"; rakyat jadi nyaho; jeung rakyat oge
bisa wae pipilueun komentar; tah salah sahijina, nya kuring ayeuna nu pipilueun 
teh.
Ieu mah komentar wungkul; da jelas can puguh benerna mah. Ieu mah sahenteuna
meureun keur kuring sorangan.

Nu katempo ku kuring di na paguneman PANSUS jeung para SAKSI; diantarana :

1. MOSI teu percaya can waktuna; atawa tangeh keneh.

2. Ajang "terbuka" ieu, alus pisan boh keur rahayat, boh keur WAKIL Rakyat di 
DPR.
Urang jadi nyaho ketakna para Wakil rahayat teh; jeung wanoh ka na kapasitasna.
Ari keur sakuringeun mah, anggota PANSUS teh lumayan aralus. Cek paribasana
teu ngerakeun jadi Wakil Rahayat teh. Kompeten, bisa nyarita; logis. Jeung kuat 
!
Eta penting pisan; sabab lamun anggota DPR nepi ka narundutan tetela ngan ukur
hayang duitna wungkul. Duduk; Diam; dengan dan DUIT.
Tapi nu ku kuring katenjo; enyaan anggota PANSUS teh duarius pisan.
Jadi teu rugi2 teuing urang milih para wakil teh. Milu Pemilu teh.

3. Nu kaciri KRITIS di na urusan Bail OUT Bank Century; ku panenjo kuring mah,
punten maksud kritis teh hartina "aya masalah" lain kritis creatif.
Jadi nu kaciri kritis posisina nya eta  BI jeung LPS. Lantaran LPS ieu nu 
ngalaksanakeun
sajkabeh pangluaran DANA teh; bari jeung ditungtut. Padahal cenh mah di USA 
ngan ukur
sakali we BAIL out teh. Tapi meuureun eta mah cara.
Nu jelas ayeuna karasa ku sarerea nya eta : Nagara geus rugi GEDE.
Ieu jelas kudu aya nu tanggung jawabna.
Pamarentah di na hal ieu tanggung jawabna nya eta "ngahukum" nu SALAH; lantaran
lamun henteu, mangka PRESIDEN/Pamarentah nu kudu narima eta tanggung jawab.
Lantaran naon ?
Memang Kawajiban Pamarentah pikeun ngupayakeun hiji kawijaksanaan lamun
Nagara nyanghareupan KRISIS; ieu kawijakan teu bisa kitu bae; komo mun gede 
ngarugikeunana mah. Tah di na hal ieu Pamarentah keur nanggung jawabna kudu
bisa nunjukkeun yen memang aya kasalahan di na pelaksananana. Lain kebijakan
nu salah; tapi PELAKSANAANANA di lapangan !
Da kapan kawijakan Pamarentah mah ngan ukur 600 Milyar leuwih ? Naha bet jadi
6.7 Trilliun ? Pan jelas geus nyeleweng ti na kawijakan asal ?
Ku sabab kitu, keukeuh Presiden/Pemerintah kudu mereskeun ieu urusan; nya eta
menta pertanggung jawaban nu saralah lengkah di na pelaksanaan.

Mudah2an Pamarentah bisa ngalaksanakeunana.

4. Aya deui nu katenjo di na dialog Pansus jeung SAKSI teh; nya eta loba pisan
pertanyaan nu bulak balik; eta deui eta deui; ieu hartina satiap anggota DPR
hayang nunjukkeun yen maranehanana barisa NGOMONG; tapi euweuh IDE; jadi 
kapaksa make ide nu geus aya; hal ieu ngaganggu lantaran loba WAKTU nu 
kacontreng.
Salain eta teh deuih, ay nu patorong torong bari teu puguh tujuanana. 

5. PD ku sabab kakara "meunang" jadi kadang kala mah saperti paranoids; lantaran
kasieunan meureun; yen ajang pansus teh bisa dipengkolkeun ka na MOSI teu
percaya tea. Komo model Ruhut Sitompul mah; siga nu ngahaja miceunan waktu,
siga nu ngahalang pikeun kapanggihna "bebeneran". Padahal mah ulah kitu, ieu
mah jadi ngatarakeun teuing kampunganana.
Akhirna naon ? Nu tadina teu boga pikiran ka na MOSI; bisa jadi muncul; ku 
ulahna
RUHUT teh. 

Keur saayeunaeun mah; sakitu heula laporan ti si kuring keur Kisunda; kurang 
leuwihna
mah tomada we; menta hampurana ti sadaya. CAG.





      

Kirim email ke