Éndrin nyaéta organoklorida nu utamana dipaké salaku inséktisida jeung
rodéntisida. Wujud ieu jat kimia téh padet, teu bau, teu warnaan, najan nu
jualeun mah kelirna sok bodas pias. Ieu sanyawa jadi teu kapaké kusabab jadi
polutan organik persistén, samalah nepi ka dicaramna di sababaraha
nagara[1][2].

Produksi jeung guna
Éndrin dijieun dina sababaraha hambalan tina héksaklorosiklopéntadiéna[2].
Adisi Diels-Alder asétilén ngahasilkeun isomér héksakloronorbornadiéna. Ieu
sanyawa ngalaman adisi Diels-Alder kadua jeung siklopéntadiéna, ngahasilkeun
derivatif polisiklik nu ngalaman époksidasi jadi éndrin. Éndrin téh
stéréoisomér diéldrin.

Éndrin lolobana (kira 80%) disemprotkeun di kebon kapas pikeun ngabasmi hama
serangga, tapi ogé dipaké di sawah, kebon tiwu, bako, jeung sababaraha nu
lianna. Kadang éndrin dipaké ogé di kebon bungbuahan pikeun ngusir rodénsia
ku cara nyemprotkeun kana taneuhna dina usum gugur atawa usum panas.

Masalah lingkungan
Éndrin mimiti dicaram dina Kasapukan Stockholm. Sakumaha péstisida
organoklorida lianna, ieu jat téh lipofilik, ku kituna bisa ngagunduk dina
jaringan lemak organismeu anu hirup dina cai. Cenah satengah umur éndrin
dina taneuh leuwih ti sapuluh taun.

Kasalametan
Éndrin téh toksik kalawan LD50 17,8 jeung 7,5 mg/kg (oral, beurit). Mun
manusa karacunan éndrin akut, biasana mangaruhan sistem saraf. Dahareun anu
kakotoran ku éndrin bisa bahya, utamana pikeun barudak[1]. Mun kateureuy,
éndrin kapiceun dina tai[3]. Éndrin toksik pisan pikeun lauk, invertebrata
cai, jeung fitoplangton.

Rujukan
↑ 1,0 1,1 "Poison Control: Dangers of 'persistent organic pollutants' in the
environment." [1]
↑ 2,0 2,1 Robert L. Metcalf “Insect Control” in Ullmann’s Encyclopedia of
Industrial Chemistry” Wiley-VCH, Weinheim, 2002.
doi:10.1002/14356007.a14_263
↑ WHO report: 1970 Evaluations of some pesticide residues in food. 1970

Baca ogé
Aldrin
Diéldrin

Kategori: Inséktisida | Alkéna

Disalin ti 
http://su.wikipedia.org/wiki/Éndrin<http://su.wikipedia.org/wiki/%C3%89ndrin>

sikandar
kumincir.blogspot.com
su.wikipedia.org

Kirim email ke