ass wrwb, kang waluya damang....?  
nu ieu mah hasil karya kang SR nu ayeuna nuju icalan bajigur di alun alun Guang 
Zhou RRC.. nyanggakeun....

wass,
abah to2



reungit
 
mun sia teu deleka ka aing
aing ge moal deleka ka sia
aing ge moal nepak sia nepika pejet
aing ge moal nyetrum sia nepika merepet hangit
aing ge moal nyemprot sia nepika burial buncelik
ieu mah aing keur ngeunah ngeunah sare
der hiber luhureun ceuli bari  ngaheong lir sora hatong
teup eunteup kana pipi jeletot nyoco
bongan sorangan sok usil kabatur
meureun hayang ngajajal dampal leungeun aing
ngawewejet awak sia
ngan teu nyangka geuning sia teh ayeuna mah lihey
samemeh dampal leungeun aing nepi
sia rikat nyingcet ngagiwarkeun maneh
atuh jelebet dampal leungeun nyayang na pipi satakerna
senjata makan tuan!
 
biwir ge nyengir keneh nahan kanyeri
geus heong deui na ceuli, sorana lir bajay na tanjakan
sikasebalan teh bet teu kira kira pisan
jangji jle wae, bet eunteup dina cukang irung aing
dampal leungeun geus meber nek dihembatkeun
ngan teu kebat
sieun sia ngagiwar deui
meureun cukang irung aing jadi korban
keur mah mancung kajero meureun beuki ngalelep bae
ahirna najan hate mentegeg kapaksa diantep
ngantep sia nyedot getih aing
ku nurustunjung make nepi kanonggeng sagala
aya satengah leter getih aing pindah ka beuteung sia
anenoy teu walakaya
dampal leungeun geus geregeteun hayang dikeplakeun
piraku bisa ngagiwar sakitu geus anenoyna
teu antapwarah jelebet dihembatkeun satakerna
meureudeuy pisan, enyaan cukang irung jadi ngelelep kajero
ari sia kamana?
sakitu anenoyna bet bisa ngagiwar
awas siah mun kadieu deui diguyur baygon sadreum
 
tunduh ngelehkeun sagalana
ngaguher nuluykeun hanca
dasar bagja bet ngimpi jeung manohara
nyiwitan bari mamaksa ngagerejeg ngajak kabale nyuncung

hehehehehe.....





________________________________
From: Waluya <[email protected]>
To: [email protected]
Sent: Tue, February 9, 2010 11:08:01 AM
Subject: [Urang Sunda] [4S] Reungit

   
Tuan Lamsijan jeung bojona dina malem Taun Baru, ngahaja nginep di Hotel 
Bintang Lima, maksudna rek ngarayakeun taun baru di hotel. Ngan hanjakal barang 
asup ka kamar, kamar teh loba reungit. Kacida ambekna Tuan Lamsijan, manehna 
ngangluh bari satengah nyereng ka pelayan nu nganteurkeun koperna: "Cenah hotel 
bintang lima, kumaha ieu teh bet loba reungit kieu?"

"Sumuhun Tuan, upami abdi mah terang ieu hotel teh hotel bintang lima, ngan 
reungit mah sigana teu terangeun!", ceuk si pelayan teh, kalem.

=waluya=


 


      

Kirim email ke