Maca dina detiknews jeung koran, cenah aya kasus plagiat, niru tulisan batur, 
bari diaku meunang manehna, akibatna sang plagiatna ditindak tegas ku 
universitasna, gelar professorna diusulkeun dicopot ditambah dipecat "tidak 
hormat" jadi dosen. Walah galak euy, biasana di Indonesia mah lamun kasus kieu, 
ukur ribut sakeudeung, kadituna mah "damai-damai sajah".

Prof Banyu Perwita, Guru Besar Hubungan Internasional FISIP Unpar, rek dipecat 
ku Unpar, gara-gara nulis hiji artikel di koran Jakarta Post, ari pek artikelna 
teh meunang niru tulisan Urang Australia. Akibatna Jakarta Post nyabut artikel 
ieu, Unpar nu ngarasa kaeraan, gancangan ngaluarkeun tindakan.

Terus terang kuring salut, boh ka Jakarta Post jeung ka Unpar. Ceuk cenah, 
sanajan sakuliring bungking loba teu kajujuran, tapi di komunitas ilmiah mah, 
kajujuran kudu tetep ditanjeurkeun, sabab komunitas ilmiah sabenerna benteng 
pangakhirna dina ngalawan kateujujuran!

Baktos,
WALUYA


  

Kirim email ke