Eta cenah tos lebet kana kategori kabiasaan/habit sanes teu kahaja. Powered by Telkomsel BlackBerry®
-----Original Message----- From: "Waluya" <[email protected]> Date: Wed, 10 Feb 2010 04:49:25 To: <[email protected]> Subject: [Urang Sunda] Galak! Maca dina detiknews jeung koran, cenah aya kasus plagiat, niru tulisan batur, bari diaku meunang manehna, akibatna sang plagiatna ditindak tegas ku universitasna, gelar professorna diusulkeun dicopot ditambah dipecat "tidak hormat" jadi dosen. Walah galak euy, biasana di Indonesia mah lamun kasus kieu, ukur ribut sakeudeung, kadituna mah "damai-damai sajah". Prof Banyu Perwita, Guru Besar Hubungan Internasional FISIP Unpar, rek dipecat ku Unpar, gara-gara nulis hiji artikel di koran Jakarta Post, ari pek artikelna teh meunang niru tulisan Urang Australia. Akibatna Jakarta Post nyabut artikel ieu, Unpar nu ngarasa kaeraan, gancangan ngaluarkeun tindakan. Terus terang kuring salut, boh ka Jakarta Post jeung ka Unpar. Ceuk cenah, sanajan sakuliring bungking loba teu kajujuran, tapi di komunitas ilmiah mah, kajujuran kudu tetep ditanjeurkeun, sabab komunitas ilmiah sabenerna benteng pangakhirna dina ngalawan kateujujuran! Baktos, WALUYA

